MUKADIMAH
Ku sababaraha isyarat, urang ngisyaratkeun sababaraha pasualan anu diterangkeun di tempat-tempat anu sanés, nyaéta dina Kalimah Kadua Puluh Dua, Kasalapan Belas sareng Kadua Puluh Genep.
ISYARAT KAHIJI: Jalma bodo dina carita sareng réncangna anu tiasa dipercaya éta gaduh tilu hakékat.
Kahiji: Nafsu ammarah sim kuring sareng manah sim kuring.
Kadua: Murid-murid filsafat sareng murid-murid Al-Qur'an Al-Hakîm.
Katilu: Umat Islam sareng bangsa kufur.
Sasar anu pangpikasieuneunana murid-murid filsafat, bangsa kufur sareng nafsu ammarah téh henteu mikawanoh Alloh. Sakumaha dina carita jalmi anu tiasa dipercaya parantos nyarios: "Hiji aksara moal tanpa panulis, hiji hukum moal tanpa pangawasa." Urang ogé nyarios:
Sakumaha hiji kitab, hususna hiji kitab anu dina unggal kecapna diserat hiji kitab ku kalam alit, dina unggal aksarana diserat hiji kasidah anu tartib ku kalam lemes, tanpa panulis téh kacida mustahilna.
Kitu ogé ieu jagat tanpa Nu Ngagurat Corak téh mustahil pisan, kacida mustahilna. Margi jagat ieu mangrupa hiji kitab, anu unggal lambaranana nyakup seueur kitab. Malah dina unggal kecapna aya hiji kitab. Dina unggal aksarana aya hiji kasidah. Raray bumi mangrupa hiji lambaran, sakumaha seueur kitab di jerona. Hiji tangkal mangrupa hiji kecap, sakumaha seueur lambaranana. Hiji buah mangrupa hiji aksara; hiji siki mangrupa hiji titik. Dina titik éta aya rarancang sareng daptar eusi hiji tangkal ageung. Tah, kitab sapertos kitu tiasa mangrupa corak Kalam Kudrat ti Zat Dzul-Jalâl anu Kagungan sipat-sipat jalal sareng kaéndahan, kudrat sareng hikmah anu teu aya tungtungna. Hartina ku ningali alam langsung, iman ieu kedah aya. Kacuali anjeunna parantos mabok ku sasar.
Kitu deui, sakumaha hiji bumi moal tanpa tukang. Hususna hiji bumi anu dihias ku seni-seni luar biasa, corak-corak anéh sareng hiasan-hiasan langka. Malah dina unggal batuna disimpen seni saloba hiji karaton. Teu aya akal anu tiasa nampi éta tanpa tukang, éta meryogikeun ahli seni anu kacida mahérna.
Hususna, dina karaton éta, lir layar-layar bioskop, unggal jam tempat-tempat dumuk anu nyata disusun, sareng ku katartiban anu sampurna, éta dirobah lir ngagentos anggoan. Malah dina unggal tabir anu nyata, seueur tempat-tempat dumuk alit diwujudkeun.
Kitu ogé ieu jagat meryogikeun Gusti Nu Ngadamel anu Hikmah-Na, Élmu-Na sareng Kudrat-Na teu aya tungtungna. Margi jagat anu agung ieu mangrupa karaton anu bulan sareng panonpoé lampuna; béntang-béntang lilinna; waktos mangrupa tali, hiji pita, anu Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl unggal taun Ngagantelkeun hiji alam anu sanés kana éta sareng Némbongkeunana. Dina alam anu Digantelkeun ku Mantenna, Mantenna ngabarukeun gambaran-gambaranana anu tartib dina tilu ratus genep puluh cara. Mantenna Ngarobah kalayan katartiban sareng hikmah anu sampurna. Mantenna parantos Ngajantenkeun raray bumi hiji hidangan ni'mat, anu unggal usum semi Dihias ku Mantenna ku tilu ratus rébu rupa ciciptan. Dieusian ku Mantenna ku rupa-rupa ihsan anu teu aya wates sareng itunganana. Ku hiji cara, sanaos campur pisan sareng kacida ruwetna, éta silih pisah kalayan ciri sareng bédana anu kacida écésna. Bandingkeun jihat-jihat anu sanés kana ieu... Kumaha tiasa lali kana Gusti Nu Ngadamel karaton sapertos ieu?
Kitu deui, sakumaha dina tengah siang anu tanpa méga, sanaos tajalli panonpoé katingal dina sadaya gelembung dina raray sagara, dina sadaya perkara anu ngagurilap di daratan sareng dina sadaya bagian salju, sareng pantulanana katingal langsung, ingkar panonpoé téh sakumaha anéhna ngalantur gélo. Margi dina waktos éta, ku ingkar sareng henteu nampi hiji panonpoé, kedah nampi panonpoé-panonpoé alit anu sajati tur mandiri, sajumlah tétés cai, gelembung sareng bagian-bagian éta.
Sakumaha dina unggal zarah alit — anu ngan cekap kanggo hiji zarah — kedah nampi hakékat hiji panonpoé ageung di jerona, kitu pisan ogé ningali jagat anu tartib ieu, anu dina susunan sapertos runtuyan salawasna robah kalayan hikmah, sareng dina tartib salawasna anyar, bari henteu ngabenerkeun Gusti Khâliq Dzul-Jalâl kalayan sipat-sipat kasampurnaan-Na, téh gélo sasar anu langkung goréng tibatan éta, hiji ngalantur édan. Margi kedah nampi kailahian mutlak dina unggal perkara, malah dina unggal zarah. Margi contona, unggal zarah hawa tiasa lebet sareng damel dina unggal kembang, unggal buah sareng unggal daun. Tah, upami zarah ieu sanés patugas, kedah uninga tata cara nyusun, wangun sareng susunan sadaya ciciptan anu tiasa dilebetan sareng didamel ku éta, supados tiasa damel di jerona. Hartina éta kedah gaduh élmu sareng kudrat anu nyakup sadayana, supados ngalaksanakeun sapertos kitu.
Contona, unggal zarah dina taneuh tiasa janten dasar sareng sumber sadaya binih sareng siki anu béda-béda. Upami sanés patugas, kedah nyakup pakakas sareng mesin-mesin maknawi sajumlah jukut sareng tangkal. Atanapi kedah masihan ka éta seni sareng kudrat anu uninga sareng ngalaksanakeun sakumna tata cara nyusun éta sadayana, mikawanoh sareng tiasa ngaput sadaya wangun anu dipakékeun kana éta sadayana.
Bandingkeun ogé mahluk-mahluk anu sanés. Supados anjeun ngartos yén dina unggal perkara aya seueur bukti kaésaan kalayan écés. Leres, nyiptakeun sadaya perkara tina hiji perkara sareng ngajantenkeun sadaya perkara hiji perkara mangrupa padamelan anu husus kanggo Khâliq Sadaya Perkara. Perhatikeun Dawuhan anu agung darajatna ﻭَ ﺍِﻥْ ﻣِﻦْ ﺷَﻰْﺀٍ اِلَّا ﻳُﺴَﺒِّﺢُ ﺑِﺤَﻤْﺪِﻩ۪.
Hartina ku henteu nampi Gusti Wâhid tur Ahad, kedah nampi ilah-ilah sajumlah mahluk.
ISYARAT KADUA: Dina carita parantos dicarioskeun hiji ajudan anu kacida mulyana, sareng disebatkeun: "Unggal jalma anu henteu lolong, ku ningali tanda-tandana, ngartos yén jalmi éta ngalaksanakeun lampah ku paréntah raja sareng mangrupa abdi hususna." Tah, ajudan anu kacida mulyana éta téh Kangjeng Rosul Nu Mulya (asm) ﷺ.
Leres, kanggo Gusti Nu Ngadamel Nu Maha Suci tina jagat anu sakieu dihiasna, Kangjeng Rosul Nu Mulya sapertos ieu kedah pisan aya, sakumaha peryogina cahya kanggo panonpoé. Margi sakumaha panonpoé moal mungkin tanpa masihan cahya. Kitu ogé kailahian moal mungkin tanpa némbongkeun Diri-Na ku ngutus para nabi.
Kitu deui, naha mungkin hiji kaéndahan anu sampurna pisan henteu hoyong némbongkeun dirina ngaliwatan parantara anu némbongkeun sareng ngajelaskeun?
Kitu deui, naha mungkin hiji kasampurnaan seni anu kacida éndahna henteu hoyong dipintonkeun ngaliwatan hiji juru wawaran anu narik paningal taliti kana éta?
Kitu deui, naha mungkin karajaan anu nyakup sadayana tina hiji rububiyah anu umum henteu hoyong ngawawarkeun kaésaan sareng shamadiyah-Na dina lapisan-lapisan kasrah sareng bagian-bagian, ngaliwatan hiji utusan anu gaduh dua jangjang? Nyaéta, jalmi éta, sakumaha tina jihat ubudiyah anu nyakup sadayana mangrupa utusan lapisan-lapisan kasrah ka payuneun Ilahi, tina jihat caket sareng risalah ogé mangrupa patugas ti payuneun Ilahi ka lapisan-lapisan kasrah.
Kitu deui, naha mungkin Nu Kagungan kaéndahan Zat anu kacida sampurnana henteu hoyong ningali sareng némbongkeun kasaéan kaéndahan-Na sareng lemesna kaéndahan-Na dina eunteung-eunteung? Nyaéta ngaliwatan hiji rosul anu dipikaasih; anjeunna ogé kakasih, ku ubudiyahna anjeunna ngajantenkeun dirina dipikaasih ku Mantenna, janten eunteung. Anjeunna ogé rosul; anjeunna ngajantenkeun Mantenna dipikaasih ku mahluk-mahluk-Na, némbongkeun kaéndahan Asma-Asma-Na.
Kitu deui, naha mungkin Nu Kagungan khazanah-khazanah anu pinuh ku mujijat-mujijat anéh sareng perkara-perkara anu luar biasa tur kacida ajénna, henteu Ngersakeun sareng henteu Hoyong ngébréhkeun kasampurnaan-kasampurnaan-Na anu buni, ku nyanggakeun kana paningal jalma-jalma sareng némbongkeun di payuneun aranjeunna, ngaliwatan hiji juru katerangan anu ahli ajén sareng hiji juru pintonan anu ahli ngajelaskeun sipat-sipat?
Kitu deui, naha mungkin Mantenna Ngahias jagat ieu ku ciciptan anu ngébréhkeun kasampurnaan-kasampurnaan sadaya Asma-Na, ngajantenkeunana sarupa sareng karaton anu dihias ku seni-seni luar biasa tur lemes kanggo ditingali, nanging henteu Netepkeun guru anu janten panungtun?
Kitu deui, naha mungkin Nu Kagungan jagat ieu henteu Ngajantenkeun rusiah anu ruwet anu ngisyaratkeun naon maksud sareng tujuan dina parobahan-parobahan jagat ieu, sareng ogé tatarucingan tilu patarosan anu hésé ngeunaan mahluk-mahluk, "Ti mana? Ka mana? Naon anjeun téh?", kabuka ngaliwatan hiji utusan?
Kitu deui, naha mungkin Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl, anu Ngajantenkeun Diri-Na dipikawanoh ku mahluk anu sadar ngaliwatan ciciptan-ciciptan saé ieu, sareng Ngajantenkeun Diri-Na dipikaasih ngaliwatan ni'mat-ni'mat anu ajén, henteu Ngawartosan ngaliwatan hiji utusan naon anu Diridhoan sareng Dipikahayang ku Mantenna ti mahluk anu sadar minangka gaganti éta?
Kitu deui, naha mungkin Mantenna Nyiptakeun umat manusa dina wangun anu tina jihat sadar katarajang rupa-rupa, tina jihat kamampuh disayagikeun pikeun ubudiyah anu nyakup sadayana, nanging henteu Hoyong ngarahkeun raray aranjeunna tina rupa-rupa kana katunggalan, ngaliwatan hiji panungtun anu janten guru?
Aya seueur deui tugas-tugas Nabi sapertos ieu, anu masing-masing mangrupa dalil pasti: Kailahian moal tanpa risalah.
Ayeuna, saha anu parantos némbongan di alam, anu langkung pantes sareng langkung nyakup — sipat-sipat sareng tugas-tugas anu parantos diterangkeun — tibatan Muhammad urang Arab, 'alaihis-salâtu was-salâm ﷺ? Sareng naha waktos kantos némbongkeun jalma anu langkung pantes sareng langkung luyu kanggo darajat risalah sareng tugas ngawawarkeun tibatan anjeunna? Henteu, moal pisan sareng pasti henteu! Malah anjeunna mangrupa pupuhu sadaya rosul, imam sadaya nabi, pamingpin sadaya jalma anu suci batinna, anu pangcaketna tina sadaya anu dicaketkeun, anu pangsampurnana tina sadaya mahluk, sultan sadaya mursyid.
Leres, kalayan kasapukan jalma-jalma anu nalungtik, salian ti bukti-bukti tugas Nabi anu teu aya wates sareng itunganana, tina mujijat-mujijatna anu ngahontal sarébu, sapertos bulan ngabélah sareng cai ngalir tina ramo-ramona, mujijat agung sapertos Al-Qur'an anu agung darajatna, anu mangrupa sagara hakékat-hakékat sareng mujijat ku opat puluh jihat, cekap pikeun némbongkeun risalah anjeunna lir panonpoé. Margi dina risalah-risalah anu sanés, sareng hususna dina Kalimah Kadua Puluh Lima, urang parantos nyarios ngeunaan ampir opat puluh jihat i'jaz Al-Qur'an, di dieu urang nyarios ringkes.
ISYARAT KATILU: Ulah asup kana pikiran, sakumaha pentingna manusa anu alit ieu, nepi ka dunya anu agung ieu ditutup kanggo ngitung amal-amalna, sareng hiji lingkup anu sanés dibuka? Margi manusa anu alit ieu, tina jihat fitrahna anu nyakup sadayana, mangrupa mandor di antara mahluk-mahluk ieu, juru wawaran karajaan Ilahi sareng tempat némbongan ubudiyah anu nyakup sadayana, ku kituna anjeunna kacida pentingna.
Kitu deui ulah asup kana pikiran, kumaha dina umur anu sakitu pondokna anjeunna pantes nandangan siksa langgeng? Margi kufur, ku nurunkeun jagat anu darajat sareng ajénna lir surat-surat Gusti Nu Shamad ieu kana tingkatan anu tanpa hartos tur tanpa tujuan, mangrupa ngahina sakumna jagat; kitu deui ku ingkar sareng nampik sadaya Asma Suci Ilahi anu tajalli sareng corakna katingal dina mahluk-mahluk ieu, sareng nyebat bohong sadaya bukti anu teu aya tungtungna anu némbongkeun Haq sareng leresna Alloh, mangrupa kajahatan anu teu aya tungtungna. Ari kajahatan anu teu aya tungtungna meryogikeun siksa anu teu aya tungtungna.
ISYARAT KAOPAT: Sakumaha dina carita, ku dua belas gambaran, urang parantos ningali henteu mungkin tina jihat mana waé hiji raja sapertos kitu gaduh nagri anu lir panginepan samentawis sapertos éta, nanging henteu gaduh nagri anu sanés anu salawasna, anu tetep, anu némbongkeun kaagunganana sareng anu mangrupa dasar karajaanana anu pangagungna.
Kitu ogé henteu mungkin dina cara mana waé Gusti Khâliq Nu Langgeng tina alam fana ieu Nyiptakeun ieu, nanging henteu Nyiptakeun alam anu langgeng. Kitu deui henteu mungkin Gusti Nu Ngadamel Nu Langgeng Salawasna tina jagat anu éndah tur bakal sirna ieu Nyiptakeun ieu, nanging henteu Ngawujudkeun jagat anu sanés anu tetep tur salawasna. Kitu deui henteu mungkin Gusti Fâthir Nu Hakîm, Nu Qadîr sareng Nu Rahîm tina dunya anu lir tempat pintonan, médan cocoba sareng tegalan ieu Nyiptakeun éta, nanging henteu Nyiptakeun nagri aherat anu némbongkeun sadaya tujuanana.
Hakékat ieu dilebetan ngaliwatan dua belas lawang. Dua belas lawang éta dibuka ku dua belas hakékat. Urang mimitian ti anu pangpondokna sareng pangbasajanna:
HAKÉKAT KAHIJI
Lawang rububiyah sareng karajaan, anu mangrupa tajalli Asma Rabb.
Naha mungkin: Sya'n rububiyah sareng karajaan kailahian, hususna Nyiptakeun jagat sapertos ieu kalayan tujuan-tujuan anu kacida luhurna sareng maksud-maksud anu luhur pikeun némbongkeun kasampurnaan-kasampurnaan-Na, nanging henteu gaduh ganjaran pikeun para mukmin anu ngawaler tujuan sareng maksud-Na ku iman sareng ubudiyah, sareng henteu Ngahukum jalma-jalma anu sasar anu ngawaler maksud-maksud éta ku nampik sareng ngahina?
HAKÉKAT KADUA
Lawang sipat béréhan sareng rohmat, anu mangrupa tajalli Asma Karîm sareng Rahîm.
Naha mungkin: Gusti Rabb alam ieu, anu ngaliwatan hasil-hasil anu Ditémbongkeun ku Mantenna, Kagungan sipat béréhan anu teu aya tungtungna, rohmat anu teu aya tungtungna, kamulyaan anu teu aya tungtungna sareng sumanget ngajaga anu teu aya tungtungna, henteu Maparin ganjaran anu pantes pikeun sipat béréhan sareng rohmat-Na, sareng hukuman anu pantes pikeun kamulyaan sareng sumanget ngajaga-Na?
Leres, upami lumangsungna dunya ieu ditingali, katingal yén ti anu paling teu mampuh, anu panglemahna {(Catetan handap): Dalil pasti yén rejeki halal henteu dicandak ku kakuatan, nanging dipaparin dumasar kana butuh: Saéna kahirupan anak-anak anu henteu gaduh kakuatan sareng heureutna kahirupan sato-sato galak anu kuat; kitu deui lintuhna lauk anu henteu pinter sareng lemahna awak rubah sareng monyét anu pinter tur licik lantaran susah nafkah. Hartina rejeki babandinganana sabalikna sareng kakuatan sareng kahoyong. Sakumaha anjeunna percanten kana kakuatan sareng kahoyongna, sakitu anjeunna katarajang susah nafkah.} dugi ka anu pangkuatna, unggal mahluk hirup dipaparin rejeki anu pantes. Anu panglemahna, anu paling teu mampuh dipaparin rejeki anu pangsaéna. Unggal jalma anu nyeri dipaparin pangubar ti tempat anu henteu disangkana. Susuguh sareng paparin dilaksanakeun kalayan sipat béréhan anu sakitu luhurna, nepi ka écés némbongkeun hiji Panangan anu Béréhan anu teu aya tungtungna Damel di jerona.
Contona, dina usum semi, Mantenna Nganggoankeun sadaya tangkal ku anggoan lir sutra sundus, sapertos bidadari sawarga, Ngahias ku permata kembang sareng buah, Ngajantenkeunana abdi, nyanggakeun ka urang rupa-rupa buah anu pangamisna tur pangéndah senina ku dahan-dahanna anu mangrupa panangan-panangan hipuna; kitu deui Mantenna Nyuguhkeun ka urang madu anu pangamisna tur nyageurkeun, ku panangan hiji sato ngapung anu gaduh racun; kitu deui Mantenna Nganggoankeun ka urang anggoan anu pangsaéna tur panglemesna ku panangan hiji sato leutik anu tanpa panangan, kitu deui Nyumputkeun pikeun urang hiji khazanah rohmat agung dina hiji siki alit; écés kahartos sakumaha éndah sipat béréhan sareng sakumaha hipu hasil rohmat ieu.
Kitu deui, salian ti manusa sareng sababaraha sato galak, unggal perkara, ti panonpoé, bulan sareng bumi dugi ka mahluk anu pangleutikna, damel dina tugasna kalayan taliti anu sampurna, henteu ngalangkungan watesna sakedik ogé, sareng ayana tumut anu umum di handapeun kahebatan anu agung; némbongkeun yén aranjeunna ngalaksanakeun lampah ku Paréntah Nu Kagungan jalal sareng kamulyaan anu agung.
Kitu deui ku asih anu pinuh ku welas sadaya indung, boh tutuwuhan, boh sasatoan, boh manusa, {(Catetan handap): Leres, hiji singa anu lapar langkung mentingkeun anakna anu lemah tibatan dirina, henteu tuang daging anu parantos dicandakna, nanging masrahkeunana ka anakna; kitu deui hayam anu borangan narajang anjing sareng singa pikeun nangtayungan anakna; kitu deui tangkal tin tuang leutak ku dirina bari masrahkeun susu murni ka bubuahan anu mangrupa anakna; éta sadayana némbongkeun kalayan écés ka jalma anu henteu lolong yén aranjeunna ngalaksanakeun lampah pikeun hiji Zat Nu Rahîm, Nu Karîm sareng Nu Asih tanpa tungtungna. Leres, mahluk anu henteu sadar, sapertos tutuwuhan sareng sasatoan, ngalaksanakeun padamelan kalayan sadar sareng hikmah anu kacida luhurna, kedah némbongkeun yén aya Nu 'Alîm sareng Nu Hakîm pisan anu Ngajalankeun aranjeunna. Aranjeunna damel kalayan Asma-Na.} sareng ku tuangeun anu hipu sapertos susu éta, ngaping anak-anak anu teu mampuh tur lemah, écés kahartos sakumaha legana tajalli hiji rohmat anu nuju Damel.
Ku margi Gusti Nu Ngatur alam ieu Kagungan sipat béréhan sapertos kieu anu teu aya tungtungna, rohmat sapertos kieu anu teu aya tungtungna, jalal sareng kamulyaan sapertos kitu anu teu aya tungtungna. Jalal sareng kamulyaan anu teu aya tungtungna meryogikeun ngadidik jalma-jalma anu teu sopan. Sipat béréhan anu teu aya tungtungna meryogikeun paparin anu teu aya tungtungna. Rohmat anu teu aya tungtungna meryogikeun ihsan anu pantes kanggo dirina. Padahal dina dunya fana sareng umur pondok ieu, ngan hiji bagian tina jutaan bagian anu tiasa dumuk sareng némbongan, lir satétés tina sagara. Hartina bakal aya nagri kabagjaan anu pantes kanggo sipat béréhan éta sareng pantes kanggo rohmat éta. Upami henteu, kedah ingkar ayana rohmat anu katingal ieu, lir ingkar ayana panonpoé anu ngeusian siang ku cahayana. Margi sirna tanpa mulih deui, ku ngarobah asih janten musibah, kanyaah janten nyeri anu ngaduruk manah, ni'mat janten hukuman, akal janten pakakas anu mawa cilaka, sareng nikmat janten nyeri, meryogikeun hakékat rohmat pareum.
Kitu deui bakal aya nagri hukuman anu luyu sareng jalal sareng kamulyaan éta. Margi seuseueurna jalma zalim tetep dina kamulyaanana, jalma anu dizaliman tetep dina hinana, teras ngalih sareng angkat ti dieu. Hartina éta dipasrahkeun ka hiji pangadilan agung, ditunda. Hartosna sanés henteu diperhatikeun. Kadang-kadang Mantenna ogé Ngahukum di dunya. Siksa-siksa anu sumping ka kaum-kaum anu ngalawan sareng bedegong, anu parantos lumangsung dina abad-abad kapengker, némbongkeun yén manusa henteu diantep sakahayangna, anjeunna salawasna tiasa katarajang tabokan jalal sareng sumanget ngajaga.
Leres, naha mungkin manusa gaduh tugas anu penting sareng kamampuh anu penting dina sadaya mahluk, sareng Rabb manusa Ngajantenkeun Diri-Na dipikawanoh ku manusa ngaliwatan ciciptan-ciciptan-Na anu sakitu tartibna, nanging minangka waleran manusa henteu mikawanoh Mantenna ku iman; kitu deui Mantenna Ngajantenkeun Diri-Na dipikaasih ku bubuahan rohmat anu sakitu dihiasna, nanging minangka waleran manusa henteu ngajantenkeun dirina dipikaasih ku Mantenna ku ibadah; kitu deui Mantenna Némbongkeun kanyaah sareng Rohmat-Na ka anjeunna ngaliwatan ni'mat-ni'mat-Na anu sakitu rupa-rupana, nanging minangka waleran manusa henteu ngahormat Mantenna ku sukur sareng hamd; anjeunna tetep tanpa hukuman, diantepkeun sakahayangna, sareng Zat Dzul-Jalâl Nu Kagungan kamulyaan sareng sumanget ngajaga éta henteu Nyayagikeun nagri hukuman?
Kitu deui, naha mungkin Mantenna henteu Maparin nagri ganjaran sareng kabagjaan langgeng ka para mukmin anu ngawaler Gusti Nu Rahmân tur Rahîm Ngajantenkeun Diri-Na dipikawanoh ku mikawanoh Mantenna ku iman, Ngajantenkeun Diri-Na dipikaasih ku mikanyaah Mantenna sareng ngajantenkeun dirina dipikaasih ku ibadah, sareng Rohmat-Na ku ngahormat Mantenna kalayan sukur?
HAKÉKAT KATILU
Lawang hikmah sareng kaadilan, anu mangrupa tajalli Asma Hakîm sareng 'Âdil.
Naha mungkin: {(Catetan handap): Leres, kalimah "Naha mungkin" ieu diulang seueur pisan. Margi ngébréhkeun hiji rusiah anu penting. Kieu: Seuseueurna kufur sareng sasar lahir tina nganggap jauh tina akal. Nyaéta ningali éta jauh tina akal sareng mustahil, teras ingkar. Tah, dina Kalimah Hudang Deui Tina Pati parantos ditémbongkeun kalayan pasti yén perkara anu saéstuna jauh tina akal, mustahil anu sajati, jauh tina akal sareng hésé anu sajati, malah kasusah dina tingkatan henteu tiasa lumangsung, aya dina jalan kufur sareng cara sasar. Sareng mungkin anu sajati sareng asup akal anu sajati, malah gampil dina tingkatan kedah aya, aya dina jalan iman sareng jalan agung Islam. Cindekna, ahli filsafat angkat kana ingkar ku nganggap jauh tina akal. Kalimah Kasapuluh, ku ungkara éta, némbongkeun dina sisi mana nganggap jauh tina akal téh. Nyabét sungut aranjeunna ku hiji tabokan.} Zat Dzul-Jalâl, anu Némbongkeun karajaan rububiyah ku hikmah sareng katartiban, kaadilan sareng timbangan anu lumangsung ti zarah-zarah dugi ka panonpoé-panonpoé, henteu Ngamulyakeun para mukmin anu nyalindung kana jangjang pangraksa rububiyah sareng ngaluyukeun lampahna kana hikmah sareng kaadilan ku iman sareng ubudiyah, sareng henteu Ngadidik jalma-jalma anu teu sopan anu ngalawan hikmah sareng kaadilan éta ku kufur sareng kalangkungan? Padahal dina dunya samentawis ieu, hiji tina sarébu perkara anu pantes kanggo hikmah sareng kaadilan éta henteu dilaksanakeun dina manusa, ditunda. Seuseueurna jalma-jalma anu sasar angkat ti dieu tanpa nampi hukuman; seuseueurna jalma-jalma anu kénging hidayah ogé angkat tanpa nampi ganjaran. Hartina éta dipasrahkeun ka hiji pangadilan agung, hiji kabagjaan pangagungna.
Leres, katingal yén Zat Nu Ngatur dina alam ieu Ngadamel kalayan hikmah anu teu aya tungtungna. Naha anjeun hoyong dalil pikeun éta? Mantenna Merhatikeun kasaéan sareng mangpaat dina unggal perkara. Naha anjeun henteu ningali, dina manusa, mangpaat sareng hikmah diperhatikeun dina sadaya anggota awak, tulang sareng urat, malah dina sél-sél awak, dina unggal tempat sareng unggal bagianana; malah Mantenna Ngagantelkeun hikmah-hikmah sareng mangpaat-mangpaat dina sababaraha anggota awakna saloba bubuahan hiji tangkal; ieu némbongkeun yén padamelan dilaksanakeun ku hiji Panangan Hikmah anu teu aya tungtungna.
Kitu deui ayana katartiban anu kacida sampurnana dina seni unggal perkara némbongkeun yén padamelan dilaksanakeun ku hikmah anu teu aya tungtungna. Leres, nyimpen rarancang anu taliti hiji kembang saé dina binihna anu alit, nyerat lambaran amal, riwayat hirup sareng daptar eusi pakakas hiji tangkal ageung dina hiji siki alit ku kalam papasten anu maknawi, némbongkeun hiji Kalam Hikmah anu teu aya tungtungna nuju Damel.
Kitu deui ayana seni anu kacida saéna dina panyiptaan unggal perkara némbongkeun yén éta mangrupa corak Gusti Nu Ngadamel anu kacida Hakîmna. Leres, nyimpen daptar eusi sakumna jagat, konci-konci sadaya khazanah rohmat sareng eunteung-eunteung sadaya Asma-Na dina awak manusa anu alit ieu, némbongkeun hiji hikmah dina seni anu kacida saéna.
Ayeuna, naha mungkin hikmah anu Ngawasaan lampah-lampah rububiyah sapertos kieu henteu Hoyong ngamulyakeun jalma-jalma anu nyalindung kana jangjang rububiyah éta sareng tumut ku iman, sareng henteu Ngamulyakeun aranjeunna salanggengna?
Kitu deui, naha anjeun hoyong dalil yén padamelan dilaksanakeun ku kaadilan sareng timbangan? Maparin wujud ka unggal perkara ku timbangan anu taliti sareng ukuran anu husus, nganggoankeun wangun, sareng nempatkeun dina tempatna masing-masing; némbongkeun yén padamelan dilaksanakeun ku kaadilan sareng timbangan anu teu aya tungtungna.
Kitu deui maparin hak ka unggal nu kagungan hak numutkeun kamampuhna, nyaéta maparin sadaya kabutuhan wujudna sareng sadaya pakakas pikeun tetep hirup ku cara anu paling luyu; némbongkeun hiji Panangan Kaadilan anu teu aya tungtungna.
Kitu deui salawasna ngawaler unggal perkara anu ditaros sareng dipikahayang ku basa kamampuh, ku basa kabutuhan fitrah sareng ku basa kapaksa; némbongkeun kaadilan sareng hikmah anu kacida sampurnana.
Ayeuna, naha mungkin kaadilan sareng hikmah anu ngagerakkeun pitulung kana kabutuhan anu pangleutikna ti mahluk anu pangleutikna sapertos kieu, ngalalaworakeun kabutuhan anu pangagungna, sapertos tetep langgeng, ti mahluk anu pangagungna, sapertos manusa? Ngantepkeun panyuhun pitulungna anu pangagungna sareng patarosanana anu pangagungna tanpa waleran? Henteu ngajaga kaagungan rububiyah ku ngajaga hak-hak hamba-hamba-Na?
Padahal manusa anu ngalangkungan kahirupan pondok dina dunya fana ieu henteu tiasa, sareng mémang henteu, némbongkeun hakékat kaadilan sapertos kitu. Nanging anjeunna dipasrahkeun ka hiji pangadilan agung. Margi kaadilan sajati meryogikeun: Manusa anu alit ieu kedah nampi ganjaran sareng hukuman, sanés numutkeun alitna, nanging numutkeun ageungna kajahatanana, pentingna hakékatna sareng agungna tugasna.
Ku margi dunya anu fana tur sakedapan ieu jauh pisan tina némbongkeun kaadilan sareng hikmah sapertos kitu pikeun manusa anu diciptakeun pikeun langgeng. Tangtos Zat Jalîl Dzul-Jamâl anu Adil sareng Zat Jamîl Dzul-Jalâl anu Hakîm éta bakal Kagungan naraka anu salawasna sareng sawarga anu langgeng.
HAKÉKAT KAOPAT
Lawang paparin sareng kaéndahan. Mangrupa tajalli Asma Jawwâd sareng Jamîl.
Naha mungkin: Paparin sareng sipat béréhan anu teu aya tungtungna, kabeungharan anu moal béak, khazanah-khazanah anu moal seep, kaéndahan anu langgeng salawasna tur tanpa bandingan, kasampurnaan anu langgeng tur tanpa kakirangan, henteu hoyong jalma-jalma anu butuh tur sukur, anu janten eunteung kalayan sono, anu ningali kalayan héran, anu bakal salawasna aya dina hiji nagri kabagjaan sareng tempat susuguh?
Leres, ngahias raray dunya ku ciciptan-ciciptan anu sakitu dihiasna, ngajantenkeun bulan sareng panonpoé lampu, ngajantenkeun raray bumi hiji hidangan ni'mat, ngeusianana ku rupa-rupa tuangeun anu pangsaéna, ngajantenkeun tangkal-tangkal anu buah masing-masing hiji wadah, ngabarukeunana seueur kali dina unggal usum; némbongkeun paparin sareng sipat béréhan anu teu aya watesna.
Paparin sareng sipat béréhan anu teu aya tungtungna sapertos kieu, khazanah-khazanah anu moal béak sareng rohmat sapertos kitu, meryogikeun hiji nagri susuguh sareng tempat kabagjaan anu salawasna, anu di jerona aya unggal perkara anu dipikahayang. Kitu deui pasti meryogikeun jalma-jalma anu ngaraos nikmat susuguh éta tetep dina tempat kabagjaan éta, cicing salanggengna, supados henteu nandangan nyeri ku sirna sareng paturay. Margi sakumaha sirnana nyeri téh nikmat, sirnana nikmat ogé nyeri. Sipat béréhan sapertos kitu henteu hoyong ngajantenkeun nandangan nyeri.
Hartina éta meryogikeun sawarga anu langgeng sareng ogé jalma-jalma anu butuh salanggengna di jerona. Margi paparin sareng sipat béréhan anu teu aya tungtungna hoyong maparin ihsan sareng ni'mat anu teu aya tungtungna. Ari maparin ihsan sareng ni'mat anu teu aya tungtungna meryogikeun rasa nuhun sareng ngaraos ni'mat anu teu aya tungtungna. Ieu meryogikeun jalma anu nampi ihsan tetep aya. Supados ku salawasna ngaraos ni'mat, anjeunna némbongkeun sukur sareng rasa nuhunna nyanghareupan paparin ni'mat anu salawasna éta. Upami henteu, ngaraos nikmat sabagian anu jadi pait ku sirna, dina mangsa anu pondok pisan, henteu tiasa diluyukeun sareng anu diperyogikeun ku paparin sareng sipat béréhan sapertos kitu.
Kitu deui tingali pintonan-pintonan di sakumna sisi alam, anu mangrupa tempat pintonan seni Ilahi. Perhatikeun wawaran-wawaran Rabb dina panangan tutuwuhan sareng sasatoan di raray bumi, {(Catetan handap): Leres, dina gagang anu ipis pisan lir kawat di tungtung tangkal garing lir tulang, hiji kembang anu kacida pinuh ku corak tur dihias, sareng hiji buah anu kacida saé senina tur dipapaés ku permata, tangtos mangrupa surat wawaran anu ngajantenkeun mahluk anu sadar maca kasaéan seni Gusti Nu Ngadamel anu kacida mikanyaah senina, Ngadamel mujijat tur Kagungan hikmah. Tah, bandingkeun sasatoan ogé kana tutuwuhan.} dangukeun para nabi sareng para wali anu mangrupa juru wawaran kasaéan rububiyah. Kumaha kalayan sapuk aranjeunna némbongkeun sareng ngébréhkeun kasampurnaan-kasampurnaan Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl anu tanpa kakirangan, ku némbongkeun seni-seni luar biasa-Na, sareng narik paningal taliti.
Hartina Gusti Nu Ngadamel alam ieu Kagungan kasampurnaan-kasampurnaan anu penting pisan, matak héran sareng buni. Mantenna Hoyong némbongkeun éta ku seni-seni luar biasa ieu. Margi kasampurnaan-kasampurnaan anu buni tur tanpa kakirangan hoyong ditémbongkeun di payuneun jalma-jalma anu ngahargaan, mikaresep sareng ningali langsung bari ngucapkeun masya Alloh. Ari kasampurnaan-kasampurnaan anu salawasna meryogikeun némbongan anu salawasna. Éta meryogikeun jalma-jalma anu ngahargaan sareng mikaresep tetep aya. Dina paningal jalma anu mikaresep anu henteu tetep langgeng, ajén kasampurnaan-kasampurnaan ragrag. {(Catetan handap): Leres, kaasup paribasa: Hiji mojang anu éndah saalam dunya dina hiji mangsa ngusir hiji jalmi biasa anu kantos kasengsrem ku anjeunna ti payuneunana. Pikeun ngalipur dirina sorangan, jalmi éta nyarios, "Ih, sakumaha goréngna!" Anjeunna nampik kaéndahan mojang éta. Kitu deui dina hiji mangsa, hiji biruang lebet ka handapeun tangkal anggur anu kacida amisna. Anjeunna hoyong tuang anggur. Pananganana henteu ngahontal pikeun metik. Anjeunna ogé henteu tiasa naék kana tangkal anggur. Pikeun ngalipur dirina sorangan, anjeunna nyarios ku basana, "Haseum.", teras ngagerendeng sareng angkat.}
Kitu deui, mahluk-mahluk anu kacida saé, pinuh ku seni, caang sareng dihias, anu dibentang dina raray jagat ieu, ngawartosan kasaéan hiji kaéndahan maknawi anu tanpa bandingan, sakumaha cahya ngawartosan panonpoé, sareng ngisyaratkeun lemesna hiji kasaéan anu buni tur tanpa bandingan, éta. {(Catetan handap): Sanaos mahluk-mahluk anu lir eunteung sirna sareng fana hiji sanggeus anu sanés, ayana tajalli kasaéan sareng kaéndahan anu sami dina luhur sareng raray mahluk-mahluk anu sumping saatosna némbongkeun yén kaéndahan sanés kagungan aranjeunna; nanging kaéndahan-kaéndahan éta mangrupa ayat sareng tanda hiji kasaéan anu Maha Suci sareng hiji kaéndahan anu suci.} Tina tajalli kasaéan anu Maha Suci sareng kaéndahan anu suci éta, ieu ngisyaratkeun ayana seueur harta karun anu buni dina Asma-Asma, malah dina unggal Asma.
Tah, kaéndahan anu sakitu luhurna, tanpa bandingan sareng buni ieu, sakumaha hoyong ningali kasaéan dirina dina hiji eunteung sareng ningali langsung tingkatan kasaéan sareng ukuran kaéndahan dirina dina hiji eunteung anu sadar tur sono, ogé hoyong katingal pikeun deui ningali kaéndahan dirina anu dipikaasih ku paningal jalma anu sanés.
Hartina hoyong ningali kaéndahan dirina ku dua cara: Hiji, ningali langsung ku dirina dina eunteung-eunteung anu masing-masing béda warnana; anu sanés, ningali ngaliwatan paningal jalma-jalma anu ningali kalayan sono sareng anu mikaresep kalayan héran.
Hartina kasaéan sareng kaéndahan hoyong ningali sareng katingal. Ari ningali sareng katingal meryogikeun ayana jalma-jalma anu ningali kalayan sono sareng anu mikaresep kalayan héran. Margi kasaéan sareng kaéndahan langgeng salawasna, éta meryogikeun jalma-jalma anu sono tetep aya.
Margi kaéndahan anu salawasna henteu tiasa ridho ka jalma anu sono anu bakal sirna. Margi hiji jalma anu ningali anu dipastikeun bakal sirna tanpa mulih, ku ngabayangkeun sirna, kanyaahna robah janten mumusuhan, rasa héranna condong kana nganggap enteng, hormatna condong kana ngahina. Margi manusa anu ngan mentingkeun dirina sorangan, sakumaha mumusuhan kana perkara anu henteu dipikawanohna, ogé ngalawan perkara anu henteu tiasa dihontalna. Padahal nyanghareupan kaéndahan anu pantes diwaler ku kanyaah anu teu aya tungtungna, sumanget sareng mikaresep anu teu aya watesna, anjeunna ngawaler sacara buni ku mumusuhan, dendam sareng ingkar. Tah, tina ieu kahartos rusiah yén kafir téh musuh Alloh.
Ku margi sipat béréhan paparin anu teu aya tungtungna, kaéndahan anu saé tur tanpa bandingan sareng kasampurnaan-kasampurnaan anu tanpa kakirangan éta meryogikeun jalma-jalma anu sukur, sono sareng mikaresep salanggengna. Padahal urang ningali dina panginepan dunya ieu; unggal jalma enggal angkat sareng ical. Anjeunna ngan ngaraosan sakedik ihsan sipat béréhan éta. Napsu tuangna hudang, nanging henteu tuang, teras angkat. Anjeunna ogé ngan ningali sakedik cahya, malah kalangkang lemah kaéndahan sareng kasampurnaan éta dina hiji mangsa, teras angkat tanpa wareg.
Hartina angkat ka hiji tempat ningali anu salawasna.
Cindekna, sakumaha alam ieu kalayan sadaya mahlukna nunjukkeun Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl kalayan pasti, Sipat-Sipat sareng Asma-Asma Suci Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl ogé nunjukkeun, némbongkeun sareng meryogikeun nagri aherat.