NUN GUSTI FA'ÂLUN LIMÂ YURÎD!
Munajat · hlm. 5
Kudrat Salira Gusti — nu ngaliwatan padamelan Salira Gusti di rohangan awang-awang unggal waktos némbongkeun conto hudang deui (hasyr) sareng kiamat, dina sajam ngarobih usum panas jadi usum tiris sareng usum tiris jadi usum panas, ngadatangkeun hiji alam, sareng ngintunkeun hiji alam deui kana alam gaib — maparin isyarat yén Salira Gusti bakal ngarobih dunya jadi aherat sareng bakal némbongkeun urusan katut kersa Salira Gusti nu langgeng salawasna di aherat.