Risale-i NurMunajat

NUN GUSTI KHÂLIQ DZUL-JALÂL NU NYIPTAKEUN BUMI SARENG LANGIT!

Munajat · hlm. 5

Ku pangajaran Al-Qur'an Al-Hakîm Salira Gusti sareng ku palajaran Rosul Nu Mulya 'alaihis-salâtu was-salâm, abdi iman sareng terang yén: sakumaha langit ku béntang-béntangna sareng rohangan awang-awang ku sagala eusina nyaksian kana wajibna ayana Salira Gusti sareng kana katunggalan katut kaésaan Salira Gusti, kitu ogé bumi ku sakumna mahluk sareng kaayaanana nyaksian tur méré isyarat kana ayana Salira Gusti sareng kana kaésaan Salira Gusti saloba mahluk nu aya.

Leres, di bumi teu aya hiji parobahan ogé, sareng teu aya hiji gantian ogé — sapertos gantina pakéan tatangkalan katut sasatoan dina unggal taun — boh nu ngan sabagian boh nu nyakup sadayana, nu ku katartibanana henteu méré isyarat kana ayana sareng kaésaan Salira Gusti.

Sareng teu aya hiji sato ogé nu ku rejekina — nu dipaparinkeun kalayan pinuh kaasih luyu sareng tingkat kalemahan katut butuhna — sareng ku dipaparinkeunana pakakas nu diperyogikeun kanggo hirupna kalayan pinuh hikmah, henteu nyaksian kana ayana sareng katunggalan Salira Gusti.

Sareng ti antara tutuwuhan katut sasatoan nu diciptakeun payuneun soca urang dina unggal usum semi, teu aya hiji ogé nu ku seni ciptaanana nu pikahélokeun, ku papaésna nu lemes, ku bédana nu écés pisan, ku katartibanana, sareng ku saimbangna, henteu ngawartoskeun Salira Gusti.

Sareng diciptakeunana kaahéngan katut mu'jizat kudrat Salira Gusti — nu disebat tutuwuhan sareng sasatoan, nu ngeusian beungeut bumi — tina endog sareng endog-endog leutik, tina titik-titik cai, tina siki sareng siki-siki leutik, katut tina bibit nu jumlahna kawates sarta bahanna sarua tur sarupa, kalayan tanpa kalepatan, sampurna, dipapaésan, tur gaduh tanda pangbéda; éta téh hiji saksi kana ayana, kaésaan, hikmah, sareng kudrat nu teu aya watesna ti Gusti Nu Ngadamel éta sadayana Nu Maha Hakîm — saksi nu langkung kuat tur langkung caang tibatan saksina cahya kana panonpoé.

Sareng teu aya hiji unsur ogé — sapertos hawa, cai, cahya, seuneu, sareng taneuh — nu sanaos teu ngarti nanaon, ku ngalaksanakeun tugas-tugas nu sampurna siga nu ngarti, sarta sanaos basajan, nyerep ka mana-mana, tur teu tartib, ku ngadatangkeun bubuahan katut hasil nu kacida tartib tur rupa-rupa tina gudang gaib, henteu nyaksian kana katunggalan sareng ayana Salira Gusti.