Sinar Kasabelas
Risalah Bubuahan · hlm. 1
Tarjamah Basa Sunda
Bedîüzzaman Said Nursî
Nalika narjamahkeun kitab-kitab Risale-i Nur — karya agung Kangjeng Üstad Said Nursî nu mulya — kami neda dihapunten ka para maos, réhna kami teu tiasa ngawakilan kaéndahan aslina. Kami narjamahkeun kalayan niat mugia janten lantaran mangpaat (istifadah)
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّح۪يمِ
فَلَبِثَ فِى السِّجْنِ بِضْعَ سِن۪ينَ — kalayan wartos sareng rasiah ayat ieu, Nabi Yusuf Alaihissalam téh jadi sesepuh para nu dipanjara. Sareng panjara téh jadi sarupaning madrasah Yusufiyah. Ku margi para murid Risale-i Nur parantos dua kali kalayan lobana lebet ka ieu madrasah, tangtos urang kedah maca sareng ngawulangkeun ringkesan-ringkesan pondok tina sabagian pasualan anu ku Risale-i Nur ditaratas tur dibuktikeun patalina sareng panjara, di rohangan pangajaran anu dibuka pikeun ieu atikan, supados kenging atikan anu sampurna. Nya, urang baris nerangkeun lima-genep hiji tina éta ringkesan-ringkesan téh.