Kalimah Katujuh
Upami anjeun hoyong ngartos sakumaha ajénna ﺍٰﻣَﻨْﺖُ ﺑِﺎﻟﻠّٰﻪِ ﻭَ ﺑِﺎﻟْﻴَﻮْﻡِ الْاٰخِرِ, anu muka rusiah ruwet ieu jagat sareng muka lawang kabagjaan pikeun jiwa manusa, minangka dua konci rusiah anu ngungkulan kasusah; sareng sakumaha mangpaatna sabar sareng tawakal tur nyalindung ka Khâliq-na, sareng sukur sareng nyuhunkeun tur ngadu'a ka Razzâq-na, minangka dua ubar anu lir pangawar racun; sareng sakumaha pentingna, ajénna sareng caangna ngadangu Al-Qur'an, tumut kana hukumna, ngalaksanakeun solat sareng ninggalkeun dosa-dosa ageung minangka tikét, bekel aherat sareng cahya kubur dina lalampahan nuju langgeng salawasna, tingali sareng dangukeun ieu carita leutik minangka ibarat:
Dina hiji mangsa, hiji prajurit tumiba kana kaayaan anu kacida pikasieuneunana dina médan perang sareng cocoba, dina puteran untung sareng rugi. Kieu:
Anjeunna raheut ku dua tatu anu jero tur matak gimir dina sisi katuhu sareng kéncana, sareng di tukangeunana aya singa ageung, anu nangtung lir ngantosan pikeun narajang anjeunna. Sareng di payuneun panonna parantos ngadeg hiji tihang gantungan, anu ngagantung sareng ngamusnahkeun sadaya anu dipikaasihna, sareng ogé ngantosan anjeunna. Kitu deui, bari dina kaayaan ieu, anjeunna gaduh lalampahan panjang, nuju diasingkeun. Nalika jalmi anu teu daya éta mikir bari pegat harepan dina rasa gimir ieu, dina sisi katuhuna némbongan hiji jalmi anu kersa kasaéan pikeun anjeunna, pinuh ku cahya, lir Khidir. Anjeunna nyarios:
"Ulah pegat harepan. Abdi bakal masihan sareng ngajarkeun dua konci rusiah ka anjeun. Upami anjeun ngagunakeunana kalayan saé, singa éta janten kuda anu tumut ka anjeun. Kitu deui tihang gantungan éta robah janten ayunan anu pikaresepeun kanggo pikabungaheun sareng ulin anjeun. Kitu deui abdi bakal masihan dua ubar ka anjeun. Upami anjeun ngagunakeunana kalayan saé, dua tatu anjeun anu busuk éta robah janten dua kembang anu seungit sareng lemes, anu disebat Mawar Muhammad (asm). Kitu deui abdi bakal masihan hiji tikét ka anjeun. Ku éta, anjeun ngalangkungan jalan sataun dina sapoé, lir ngapung. Tah, upami anjeun henteu percanten, cobian sakedik. Supados anjeun ngartos yén éta leres."
Saéstuna anjeunna nyobian sakedik, ngabenerkeun yén éta leres. Leres, sim kuring, nyaéta Said anu teu daya ieu, ogé ngabenerkeun ieu. Margi sim kuring parantos nyobian sakedik, ningali yén éta leres pisan.
Saatos ieu, ngadadak anjeunna ningali yén ti sisi kéncana sumping hiji jalmi anu licik lir sétan, resep mabok sareng nipu, bari dibarengan ku seueur perhiasan, rupa-rupa anu dihias, khayalan-khayalan sareng inuman anu matak mabok. Anjeunna nangtung di payuneunana, nyarios ka anjeunna:
- Hé réncang! Mangga sumping, mangga sumping, urang nginum anu matak mabok sareng senang babarengan. Urang tingali gambar-gambar mojang anu geulis ieu. Urang dangukeun lagu-lagu anu pikaresepeun ieu. Urang tuang tuangeun anu nikmat ieu.
Patarosan: Hé, hé, naon anu anjeun baca cicing-cicing dina sungut anjeun?
Waleran: Hiji konci rusiah.
- Tinggalkeun perkara anu teu kahartos éta. Urang ulah ngaganggu pikaresepeun anu aya ayeuna.
P- Hé, naon anu aya dina panangan anjeun éta?
W- Hiji ubar.
- Piceun éta. Anjeun séhat. Naon anu karandapan ku anjeun? Ieu mangsa suka bungah.
P- Hé, naon éta kertas anu gaduh lima tanda?
W- Hiji tikét. Hiji surat jatah.
- Sobék ieu sadayana. Dina usum semi anu saé ieu, kanggo naon urang peryogi lalampahan, saur anjeunna. Ku unggal tipu daya anjeunna usaha ngayakinkeun jalmi éta. Malah jalmi anu teu daya éta rada condong ka anjeunna. Leres, manusa tiasa katipu. Sim kuring ogé parantos katipu ku jalmi licik sapertos kitu.
Ngadadak ti sisi katuhuna sumping sora lir guludug. Nyarios: "Awas, ulah katipu. Sareng carioskeun ka jalmi licik éta: Upami anjeun gaduh jalan pikeun maéhan singa di tukangeun abdi, miceun tihang gantungan di payuneun abdi, ngaleungitkeun tatu-tatu di sisi katuhu sareng kénca abdi, sareng nyegah lalampahan anu ngantosan abdi, upami anjeun mendakanana; mangga lampahkeun, témbongkeun, urang tingali. Saatos éta carioskeun: Mangga urang senang. Upami henteu, cicing, hé jalma bodo! Supados jalmi samawi anu lir Khidir ieu tiasa nyarios naon anu badé dicarioskeunana."
Tah, hé nafsu sim kuring anu kantos seuri dina mangsa ngora, ayeuna ceurik lantaran seurina! Sing kauninga: Prajurit anu teu daya éta téh anjeun sareng manusa. Sareng singa éta téh ajal. Sareng tihang gantungan éta téh maot, sirna sareng paturay; dina silih gantina wengi sareng siang, unggal sobat pamitan, teras ical. Sareng tina dua tatu éta, hiji nyaéta kalemahan manusa anu ngaganggu tur teu aya watesna; anu sanés nyaéta kamiskinan manusa anu nyeri tur teu aya tungtungna. Sareng diasingkeun sareng lalampahan éta téh lalampahan cocoba anu panjang, ngalangkungan alam arwah, kandungan indung, mangsa budak, mangsa sepuh, dunya, kubur, barzah, hudang deui tina pati sareng sirat.
Sareng dua konci rusiah éta téh iman ka Alloh sareng iman ka aherat. Leres, ku konci rusiah suci ieu, maot nyandak wangun kuda sareng buraq anu tumut, anu nganteurkeun manusa mukmin ti panjara dunya ka kebon-kebon sawarga, ka payuneun Gusti Rahmân. Ku margi éta, manusa-manusa anu sampurna, anu ningali hakékat maot, parantos mikanyaah maot, hoyong maot sateuacan maot sumping. Kitu deui ngalangkungna waktos anu mangrupa sirna sareng paturay, maot sareng pupus, sareng tihang gantungan, ku konci rusiah iman éta nyandak wangun jalan pikeun ningali sareng merhatikeun kalayan nikmat anu sampurna mujijat-mujijat corak, kaajaiban-kaajaiban kudrat sareng tajalli-tajalli rohmat Gusti Nu Ngadamel Dzul-Jalâl, anu salawasna anyar, rupa-rupa warna sareng rupa-rupa wangun. Leres, robah sareng anyarna eunteung-eunteung anu némbongkeun warna-warna dina cahya panonpoé, sareng silih gantina layar-layar bioskop, nyusun pamandangan anu langkung pikaresepeun, langkung saé.
Sareng tina dua ubar éta, hiji nyaéta sabar sareng tawakal. Ngandelkeun Kudrat Khâliq-na, percanten kana Hikmah-Na. Naha kitu? Leres, naon anu tiasa disieunan ku jalma anu ngandelkeun Gusti Sultan Sakumna Alam anu Kagungan paréntah "kun fayakun", kalayan surat kalemahan? Margi nyanghareupan musibah anu pangpikasieuneunana, anjeunna ngucapkeun ﺍِﻧَّﺎ ﻟِﻠّٰﻪِ ﻭَﺍِﻧَّٓﺎ ﺍِﻟَﻴْﻪِ ﺭَﺍﺟِﻌُﻮﻥَ, sareng kalayan manah anu tengtrem percanten ka Gusti Rabb Nu Rahîm. Leres, jalma anu makrifat ka Alloh ngaraos nikmat tina kalemahan sareng kasieun ka Alloh. Leres, dina kasieun aya nikmat. Upami budak umur sataun gaduh akal, sareng anjeunna ditaros, "Naon kaayaan anjeun anu pangnikmatna sareng pangamisna?", panginten anjeunna bakal nyarios, "Kaayaan nalika abdi ngartos kalemahan sareng teu mampuh abdi, sieun kana tabokan amis indung abdi, teras nyalindung deui kana dada indung abdi anu asih." Padahal asih sadaya indung ngan mangrupa sakilat tajalli rohmat. Ku margi éta, manusa-manusa anu sampurna parantos mendakan nikmat dina kalemahan sareng kasieun ka Alloh anu sakitu raosna, nepi ka aranjeunna kacida ngaleupaskeun diri tina daya sareng kakuatan sorangan, nyalindung ka Alloh kalayan kalemahan. Aranjeunna ngajantenkeun kalemahan sareng kasieun panganteur syafaat pikeun dirina.
Ari ubar anu sanés téh nyuhunkeun sareng ngadu'a kalayan sukur sareng qanaah, sareng percanten kana rohmat Gusti Razzâq Nu Rahîm. Naha kitu? Leres, kumaha kamiskinan sareng kabutuhan tiasa nyeri sareng beurat pikeun sémah Gusti Jawwâd Nu Maha Mulya, anu Ngajantenkeun sakumna raray bumi hiji hidangan ni'mat, Ngajantenkeun usum semi hiji beungkeutan kembang, teras Nempatkeunana di gigireun hidangan éta sareng Nyebarkeunana di luhurna? Malah kamiskinan sareng kabutuhanana nyandak wangun hiji nafsu tuang anu pikaresepeun. Lir nafsu tuang, anjeunna usaha nambahan kamiskinanana. Ku margi éta, manusa-manusa anu sampurna parantos reueus kana kamiskinan. Awas, ulah salah ngartos! Hartosna ngaraos miskin di payuneun Alloh sareng nyuhunkeun kalayan ngarendahkeun diri. Hartosna sanés némbongkeun kamiskinan ka jalma-jalma sareng nyandak kaayaan nyuhunkeun ka batur.
Sareng tikét sareng surat éta téh ngalaksanakeun kawajiban, anu utamana solat, sareng ninggalkeun dosa-dosa ageung. Naha kitu? Leres, kalayan kasapukan sadaya para ahli sareng anu ningali langsung, sareng sadaya ahli zauk sareng ahli paningal batin, dina jalan nuju langgeng salawasna anu panjang tur poék éta, bekel sareng sasayagaan, cahya sareng buraq ngan tiasa dihontal ku tumut kana paréntah-paréntah Al-Qur'an sareng ngajauhan larangan-laranganana. Upami henteu, élmu sareng filsafat, seni sareng hikmah teu aya ajénna sakedik ogé dina jalan éta. Cahya-cahyana ngan dugi ka lawang kubur.
Tah, hé nafsu sim kuring anu kedul! Ngalaksanakeun solat lima waktos, ninggalkeun tujuh dosa ageung, sakumaha saeutik, tengtrem sareng hampangna. Upami anjeun gaduh akal, upami henteu ruksak, anjeun ngartos sakumaha lobana, pentingna sareng agungna hasil, buah sareng mangpaatna. Sareng anjeun nyarios ka sétan sareng jalma anu ngajurung anjeun kana fasik sareng hirup nurut kana hawa nafsu éta:
Upami aya jalan pikeun maéhan maot sareng ngaleungitkeun sirna tina dunya, ngaleungitkeun kalemahan sareng kamiskinan tina manusa, sareng nutup lawang kubur, carioskeun, urang dangukeun. Upami henteu, cicing. Dina masjid agung jagat, Al-Qur'an maca jagat. Urang dangukeun. Urang nyaangan diri ku cahya éta, urang ngalaksanakeun lampah ku hidayahna, sareng urang jadikeun éta wirid anu salawasna dikedalkeun.
Leres, éta téh kalimah, sareng éta anu disebat kalimah. Éta anu haq, sumping ti Gusti Haq, nyarios haq, némbongkeun hakékat sareng nyebarkeun hikmah anu pinuh ku cahya. ﺍَﻟﻠّٰﻬُﻢَّ ﻧَﻮِّﺭْ ﻗُﻠُﻮﺑَﻨَﺎ ﺑِﻨُﻮﺭِ الْا۪يمَانِ ﻭَ ﺍﻟْﻘُﺮْﺍٰﻥِ ﺍَﻟﻠّٰﻬُﻢَّ ﺍَﻏْﻨِﻨَﺎ بِالْاِفْتِقَارِ ﺍِﻟَﻴْﻚَ ﻭَ لَا ﺗُﻔْﻘِﺮْﻧَﺎ بِالْاِسْتِغْنَاءِ ﻋَﻨْﻚَ ﺗَﺒَﺮَّﺍْﻧَﺎ ﺍِﻟَﻴْﻚَ ﻣِﻦْ ﺣَﻮْﻟِﻨَﺎ ﻭَ ﻗُﻮَّﺗِﻨَﺎ ﻭَ ﺍﻟْﺘَﺠَﺌْﻨَﺎ ﺍِﻟٰﻰ ﺣَﻮْﻟِﻚَ ﻭَ ﻗُﻮَّﺗِﻚَ ﻓَﺎﺟْﻌَﻠْﻨَﺎ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻤُﺘَﻮَﻛِّﻠ۪ﻴﻦَ ﻋَﻠَﻴْﻚَ ﻭَ لَاتَكِلْنَا ﺍِﻟٰﻰ ﺍَﻧْﻔُﺴِﻨَﺎ ﻭَﺍﺣْﻔَﻈْﻨَﺎ ﺑِﺤِﻔْﻈِﻚَ ﻭَﺍﺭْﺣَﻤْﻨَﺎ ﻭَ ﺍﺭْﺣَﻢِ ﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨَﺎﺕِ ﻭَ ﺻَﻞِّ ﻭَ ﺳَﻠِّﻢْ ﻋَﻠٰﻰ ﺳَﻴِّﺪِﻧَﺎ ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﻋَﺒْﺪِﻙَ ﻭَ ﻧَﺒِﻴِّﻚَ ﻭَ ﺻَﻔِﻴِّﻚَ ﻭَ ﺧَﻠ۪ﻴﻠِﻚَ ﻭَ ﺟَﻤَﺎﻝِ ﻣُﻠْﻜِﻚَ ﻭَ ﻣَﻠ۪ﻴﻚِ ﺻُﻨْﻌِﻚَ ﻭَ ﻋَﻴْﻦِ ﻋِﻨَﺎﻳَﺘِﻚَ ﻭَ ﺷَﻤْﺲِ ﻫِﺪَﺍﻳَﺘِﻚَ ﻭَ ﻟِﺴَﺎﻥِ ﺣُﺠَّﺘِﻚَ ﻭَ ﻣِﺜَﺎﻝِ ﺭَﺣْﻤَﺘِﻚَ ﻭَ ﻧُﻮﺭِ ﺧَﻠْﻘِﻚَ ﻭَ ﺷَﺮَﻑِ ﻣَﻮْﺟُﻮﺩَﺍﺗِﻚَ ﻭَ ﺳِﺮَﺍﺝِ ﻭَﺣْﺪَﺗِﻚَ ﻓ۪ﻰ ﻛَﺜْﺮَﺓِ ﻣَﺨْﻠُﻮﻗَﺎﺗِﻚَ ﻭَ ﻛَﺎﺷِﻒِ ﻃِﻠْﺴِﻢِ ﻛَﺎﺋِﻨَﺎﺗِﻚَ ﻭَ دَلَّالِ ﺳَﻠْﻄَﻨَﺔِ ﺭُﺑُﻮﺑِﻴَّﺘِﻚَ ﻭَ ﻣُﺒَﻠِّﻎِ ﻣَﺮْﺿِﻴَّﺎﺗِﻚَ ﻭَ ﻣُﻌَﺮِّﻑِ ﻛُﻨُﻮﺯِ ﺍَﺳْﻤَﺎﺋِﻚَ ﻭَ ﻣُﻌَﻠِّﻢِ ﻋِﺒَﺎﺩِﻙَ ﻭَ ﺗَﺮْﺟُﻤَﺎﻥِ ﺍٰﻳَﺎﺗِﻚَ ﻭَﻣِﺮْﺍٰﺕِ ﺟَﻤَﺎﻝِ ﺭُﺑُﻮﺑِﻴَّﺘِﻚَ ﻭَ ﻣَﺪَﺍﺭِ ﺷُﻬُﻮﺩِﻙَ ﻭَ ﺍِﺷْﻬَﺎﺩِﻙَ ﻭَ ﺣَﺒ۪ﻴﺒِﻚَ ﻭَ ﺭَﺳُﻮﻟِﻚَ ﺍﻟَّﺬ۪ﻯ ﺍَﺭْﺳَﻠْﺘَﻪُ ﺭَﺣْﻤَﺔً ﻟِﻠْﻌَﺎﻟَﻤ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﻋَﻠٰﻰ ﺍٰﻟِﻪ۪ ﻭَ ﺻَﺤْﺒِﻪ۪ ﺍَﺟْﻤَﻌ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﻋَﻠٰﻰ ﺍِﺧْﻮَﺍﻧِﻪ۪ ﻣِﻦَ ﺍﻟﻨَّﺒِﻴّ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﺍﻟْﻤُﺮْﺳَﻠ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﻋَﻠٰﻰ ﻣَﻠٰﺌِﻜَﺘِﻚَ ﺍﻟْﻤُﻘَﺮَّﺑ۪ﻴﻦَ ﻭَ ﻋَﻠٰﻰ ﻋِﺒَﺎﺩِﻙَ ﺍﻟﺼَّﺎﻟِﺤ۪ﻴﻦَ ﺍٰﻣ۪ﻴﻦَ
--