Poin Kadua
Risalah Bubuahan · hlm. 53
Utamana Qur'an, sadaya kitab samawi sareng suhuf-suhuf, sarta pangpangna Muhammad 'alaihis-salâtu was-salâm, katut sadaya nabi ('alaihimus-salâm), sagala da'wana ngider dina lima-genep dasar. Teras-terasan aranjeunna usaha pikeun ngawulangkeun sareng ngabuktikeun dasar-dasar éta. Sadaya bukti sareng dalil nu nyaksian kana kanabian sareng kaleresan aranjeunna, ningali kana dasar-dasar éta, sarta nguatan kana kaleresan aranjeunna. Ari dasar-dasar éta nya éta: iman ka Alloh, iman kana aherat, sareng iman kana rukun-rukun anu séjénna. Hartosna genep rukun iman téh moal mungkin dipisahkeun ti nu séjénna. Masing-masing ngabuktikeun, nungtut, sareng meredih sakabéhna. Nu genep éta téh mangrupa hiji gembleng tur kullî nu teu narima kana dibagi-bagi, sarta ngabagina téh mustahil. Sapertos tangkal Tûbâ nu akarna aya di langit.. unggal dahanna, unggal buahna, unggal daunna nyarandé kana hirup nu kullî tur teu béak tina tangkal nu badag éta. Saha-saha nu teu tiasa ngingkar kana hirup nu kuat tur écés siga panonpoé éta, moal tiasa ngingkar kana hirupna sanajan ngan hiji daun nu nyambung. Upami ngingkar; tangkal éta, saloba dahan, buah, sareng daunna, bakal ngabantah tur ngabungkem éta nu ngingkar. Nya kitu deui iman, kalawan genep rukunna, aya dina kaayaan nu sarua.
Dina awal ieu bagian, kungsi diniatan pikeun ngajéntrékeun genep rukun iman dina tilu puluh genep nuktah, nya éta dina genep poin sarta unggal poin dibagi kana lima nuktah. Sareng abdi ngamaksad pikeun ngawaler patarosan nu pikagimireun dina awal tadi kalawan katerangan. Nanging sababaraha halangan henteu masihan kasempetan. Abdi nyangka, ku margi poin kahiji parantos jadi ukuran nu cekap, teu peryogi deui katerangan langkung seueur pikeun jalma-jalma nu langkung calakan. Sareng parantos kahartos pisan, yén upami saurang muslim ngingkar kana hiji hakékat iman, anjeunna bakal murag kana kufur mutlak. Margi, béda sareng ringkesan-ringkesan agama-agama séjén, dina Islam parantos dipasihan katerangan nu lengkep, rukun-rukunna pakait-kait ngajadi ranté. Saurang muslim nu teu wanoh sareng teu ngangken ka Muhammad 'alaihis-salâtu was-salâm, moal wanoh ogé ka Alloh (kalawan sipat-sipat-Na), sareng moal terang kana aherat. Iman saurang muslim téh nyarandé kana bukti-bukti nu teu kaétang, nu kacida kuatna tur teu tiasa oyag, dugi ka teu aya deui alesan pikeun ngingkar. Malah akal téh saolah-olah kapaksa pikeun narima.