MEDALNA RISALE-I NUR
Riwayat Hirup · hlm. 132
Tahapan-tahapan hirup nu dilangkungan ku Kangjeng Üstad Bedîüzzaman Said Nursî ti saprak anjeunna lahir ka dunya di Anatolia Wétan, dugi ka dieu parantos urang tingali hiji-hiji sarta urang teuteup. Ayeuna; salaku hasil sareng buah tina hirupna nu opat puluh lima puluh taun katukang, urang lebet kana hiji perkara nu agung nu legana sadunya, nu kacida jarangna kacatet dina sajarah. Risale-i Nur nu bakal ngaleungitkeun sadaya poék lahir sareng batin sarta nyaangan alam ku cahyana téh medal; hiji panonpoé bijil ti Turki kana widang élmu sareng pangaweruh dunya!..