Risale-i NurTuntunan Nonoman

Bubuka

Tuntunan Nonoman · hlm. 1

Tuntunan Nonoman ieu, sakumaha parantos dicitak ku aksara anyar, dicitak deui ogé ku aksara heubeul di Isparta; pamaréntah sareng pulisi henteu ngaganggu, dibaca kalayan sumanget di sakuliah tempat sarta sumebar lega — sadaya éta nuduhkeun yén Tuntunan ieu seueur pisan mangpaatna pikeun bangsa, pangpangna pikeun para nonoman. Ngan waé, kapala kaamanan Ankara, tanpa maos heula kalimah dina kaca kalima puluh dua baris kalima nu unina "dumasar kana idin muka tempat pangajian husus pikeun atikan agama", ngaganggu kalimah dina baris kadalapan nu unina "Sakumaha mungkin, di unggal tempat kedah dibuka tempat pangajian Nur nu leutik". Tétéla saparantosna anjeunna ngartos kana hakékatna, dugi ka henteu deui ngahalangan sumebarna. Nukté "Huwa" mémang jero, moal sadayana langsung nyangkem. Nanging éta nukté, sakumaha parantos ngaburak-barik batu pademen kaum naturalis (nu nyandarkeun sagala rupa kana alam) sareng ahli kufur, parantos ngajantenkeun para failasuf nu bedegong hélok kacida sarta ngalantarankeun seueur di antawisna asup kana iman. Sareng deui, ku konci nukté éta kabuka alam mitsâl (alam gambaran), teras ku konci lalampahan maknawi di alam éta, sinéma aherat katingali kalayan "ainal-yaqîn". Nanging ku margi lemes pisan, éta henteu disebarkeun.

Bedîüzzaman

Said Nursî

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّح۪يمِ