Kalimah Kahiji
Bismillah téh awal sadaya kasaéan. Urang ogé ngamimitian ku éta. Sing kauninga, hé nafsu abdi, ieu kalimah anu pinuh ku berkah, sakumaha mangrupa tanda Islam, ogé mangrupa wirid anu salawasna dikedalkeun ku sadaya nu aya ngaliwatan basa kaayaanana. Upami anjeun hoyong ngartos sakumaha agungna Bismillah minangka kakuatan anu moal béak, sareng sakumaha lobana berkahna anu moal pegat, tingali sareng dangukeun ieu carita leutik minangka ibarat. Kieu: Jalma anu ngalalana di gurun-gurun Arab Badui kedah ngagem jenengan hiji pupuhu kabilah sareng lebet kana pangapingna, supados salamet tina kajahatan para bégal sareng tiasa nyayagikeun kabutuhanana. Upami henteu, anjeunna nyalira bakal sangsara nyanghareupan musuh sareng kabutuhan anu teu aya watesna. Pikeun lalampahan kitu, dua jalmi angkat ka gurun. Salah sahijina handap asor, nu saurang deui adigung. Nu handap asor ngagem jenengan hiji pupuhu. Nu adigung henteu. Anu ngagem éta jenengan salamet ngalalana di mana waé. Upami tepang sareng bégal, anjeunna nyarios: "Abdi ngalalana kalayan jenengan pupuhu anu éta." Bégal téh nyingkir, teu tiasa ngaganggu. Upami lebet ka hiji kémah, anjeunna dipihormat lantaran éta jenengan. Nu adigung tadi nandangan rupa-rupa bala sapanjang lalampahanana nepi ka teu tiasa digambarkeun. Salawasna ngageter, salawasna nyuhunkeun ka batur. Anjeunna jadi hina sareng kawiwirang. Tah, hé nafsu abdi anu adigung, anjeun téh nu ngalalana éta. Ari dunya ieu mangrupa hiji gurun. Kalemahan sareng kamiskinan anjeun teu aya watesna. Musuh sareng kabutuhan anjeun teu aya tungtungna. Ku margi kitu, anggo jenengan Gusti Nu Kagungan Nu Maha Langgeng sareng Gusti Nu Ngawasaan Nu Azali ieu gurun. Supados anjeun salamet tina nyuhunkeun ka sakumna jagat sareng tina ngageter nyanghareupan unggal kajadian. Leres, ieu kalimah téh hiji harta karun anu kacida pinuh ku berkahna; kalemahan sareng kamiskinan anjeun anu teu aya tungtungna ngahubungkeun anjeun kana kudrat sareng rohmat anu teu aya tungtungna, sarta ngajadikeun kalemahan sareng kamiskinan éta panganteur syafaat anu pangditampina di payuneun Gusti Qadîr Nu Rahîm. Leres, jalma anu ngalampahkeun sagala perkara ku ieu kalimah sarupa sareng jalma anu ngadaptar jadi prajurit, ngalaksanakeun lampah kalayan nami nagara. Anjeunna moal sieun deui ka saha waé. Anjeunna nyarios, kalayan nami hukum, kalayan nami nagara, ngalaksanakeun unggal padamelan, sareng sanggup tahan nyanghareupan sagala rupa. Dina awal parantos urang carioskeun: Sadaya nu aya ngucapkeun Bismillah ku basa kaayaanana. Naha kitu? Leres, sakumaha upami anjeun ningali hiji jalmi sumping, ngagerakkeun sakumna warga dayeuh sacara paksa ka hiji tempat sareng maksa aranjeunna ngalaksanakeun rupa-rupa padamelan. Anjeun tangtos uninga; jalmi éta henteu ngalaksanakeun lampah kalayan nami dirina sareng ku kakuatan dirina. Nanging anjeunna téh prajurit, ngalaksanakeun lampah kalayan nami nagara, ngandelkeun kakuatan hiji raja. Kitu ogé, unggal perkara ngalaksanakeun lampah kalayan nami Alloh, nepi ka siki-siki sareng binih-binih anu lir zarah leutik téh ngangkut tangkal-tangkal ageung dina sirahna, ngangkat beungbeurat lir gunung. Hartina unggal tangkal ngucapkeun Bismillah. Tangkal téh ngeusian leungeunna ku bubuahan tina khazanah rohmat, janten nu ngajajakeun susuguh ka urang. Unggal kebon ngucapkeun Bismillah. Kebon téh janten hiji kawah tina pawon kudrat Ilahi, anu di jerona rupa-rupa tuangeun anu seueur pisan, béda-béda sareng raos, diasakan babarengan. Unggal sasatoan anu pinuh ku berkah, sapertos sapi, onta, domba sareng embé, ngucapkeun Bismillah. Tina limpahan rohmat, masing-masing janten pancuran susu. Kalayan nami Gusti Razzâq, aranjeunna nyuguhkeun ka urang tuangeun anu panglemesna, pangberesihna, lir cai kahirupan. Akar sareng urat unggal tutuwuhan, tangkal sareng jukut anu lemes lir sutra ngucapkeun Bismillah. Éta nembus batu sareng taneuh anu teuas, ngaliwatanana. Ngucapkeun, kalayan nami Alloh, kalayan nami Gusti Rahmân, teras sagala rupa tumut ka éta. Leres, sakumaha dahan-dahan mekar di awang-awang sareng ngahasilkeun buah, akar-akar dina batu sareng taneuh anu teuas téh mekar kalayan gampil pisan sareng ngahasilkeun buah di handapeun taneuh; kitu deui daun-daun héjo anu hipu tetep seger mangbulan-bulan nyanghareupan panas anu kacida rongkahna; sadayana nyabét sungut kaum naturalis kalayan kacida tarikna. Nyodorkeun ramona kana panon maranéhna anu kedahna lolong, sarta nyarios: Teuas sareng panas anu pangdipercayana ku anjeun ogé ngalaksanakeun lampah di handapeun paréntah; urat-urat anu lemes lir sutra téh, masing-masing sapertos iteuk Kangjeng Nabi Musa (as), tumut kana paréntah ﻓَﻘُﻠْﻨَﺎ ﺍﺿْﺮِﺏْ ﺑِﻌَﺼَﺎﻙَ ﺍﻟْﺤَﺠَﺮَ, ngabélah batu. Sareng daun-daun anu hipu, ipis lir kertas roko, masing-masing sapertos anggota awak Kangjeng Nabi Ibrahim (as), maca ayat ﻳَﺎ ﻧَﺎﺭُ ﻛُﻮﻧ۪ﻰ ﺑَﺮْﺩًﺍ ﻭَ سَلَامًا nyanghareupan panas anu ngalontarkeun seuneu. Ku margi unggal perkara sacara maknawi ngucapkeun Bismillah. Kalayan nami Alloh, sadayana nyandak ni'mat-ni'mat Alloh sareng masrahkeunana ka urang. Urang ogé kedah ngucapkeun Bismillah. Kedah masrahkeun kalayan nami Alloh, kedah nampi kalayan nami Alloh. Ku kituna, urang kedah henteu nampi ti jalma-jalma anu lalawora, anu henteu masrahkeun kalayan nami Alloh.
Patarosan:
Urang mayar harga ka jalma-jalma anu lir nu ngajajakeun susuguh. Ari Alloh anu saéstuna Nu Kagungan éta harta, harga naon anu dipundut ku Mantenna?
Waleran:
Leres, harga anu dipundut ku Gusti Nu Maparin Ni'mat Nu Sajati ti urang minangka gaganti ni'mat sareng harta anu kacida ajénna téh tilu perkara. Hiji nyaéta zikir, hiji nyaéta sukur, hiji nyaéta tafakur. Bismillah dina awal téh zikir. Alhamdulillah dina tungtung téh sukur. Di tengahna, mikiran sareng ngartos yén ni'mat-ni'mat anu kacida ajénna, anu mangrupa kaajaiban seni ieu, mangrupikeun mujijat kudrat sareng hadiah rohmat Gusti Nu Ahad tur Shamad téh tafakur. Sakumaha nyium suku jalma miskin anu nyandak hadiah anu kacida ajénna ti hiji raja ka anjeun, bari henteu mikawanoh nu kagungan hadiah, téh kacida bodona; kitu ogé muji sareng mikanyaah para nu masihan ni'mat anu katingal lahirna, bari mopohokeun Gusti Nu Maparin Ni'mat Nu Sajati, téh sarébu kali langkung bodo tibatan éta. Hé nafsu, upami anjeun teu hoyong bodo sapertos kitu, pasrahkeun kalayan nami Alloh, tampi kalayan nami Alloh, mimitian kalayan nami Alloh, lampahkeun kalayan nami Alloh. Wassalam.
--