Nukté Kahiji
Risalah Bubuahan · hlm. 40
Pikiran ngeunaan naraka téh henteu ngajadikeun leungit — ku sabab sieunna — kani'matan buah-buah iman anu geus kaliwat. Sabab rohmat Rabbani anu teu aya watesna nyaurkeun ka jalma anu sieun téa: Datang ka Kami, asup ku lawang tobat. Sangkan ayana naraka téh lain pikeun nyingsieunan, tapi malah pikeun ngawartosan ka anjeun sagemblengna kani'matan sawarga, sarta pikeun ngabales panganiaya ti mahluk anu teu kaétang anu hak-hakna dirampas, tuluy ngajadikeun aranjeun bungah. Upami anjeun titeuleum dina kasasaran teu bisa kaluar, ayana naraka téh tetep sarébu darajat leuwih hadé tibatan hukuman paéh langgeng (i'dam abadi), sarta ogé mangrupa hiji rupa rohmat pikeun para kafir. Sabab manusa — malah sato anu boga anak ogé — ngarasa ni'mat ku kani'matan sareng kabagjaan baraya, anak, katut sobat-sobatna, sarta dina hiji jihat jadi bagja. Ku kituna, hé mulhid, tina segi kasasaran anjeun, anjeun bakal labuh kana teu ayana (adam) ku hukuman paéh langgeng, atawa asup kana naraka! Ari teu ayana anu mangrupa kagoréngan mutlak (syarr mahad) téh ngaduruk ruh, haté, sareng hakékat kamanusaan anjeun sarébu kali leuwih ti naraka; sabab sakabéh anu dipikacinta ku anjeun, katut sakumna baraya, asal, jeung turunan anu ku kabagjaanana anjeun sugema tur dina hiji darajat bagja, milu binasa bareng jeung anjeun. Sabab lamun euweuh naraka, sawarga ogé moal aya. Sagala perkara bakal labuh kana teu ayana ku sabab kufur anjeun. Sabalikna, upami anjeun asup kana naraka tur tetep cicing dina lingkup wujud, nu dipikacinta sareng baraya anjeun bakal bagja di sawarga, atawa dina hiji jihat meunang rohmat di jero lingkup wujud. Ku kituna, dina sagala hal, wajib pikeun anjeun ngarojong kana ayana naraka. Nentang naraka téh hartina ngarojong teu ayana, nya éta ngarojong sangkan kabagjaan sobat-sobat anjeun anu teu kaétang téh euweuh pisan. Enya, ari naraka téh hiji nagri mahluk anu pikasieuneun tur pinuh kaagungan, anu ngalaksanakeun tugas panjara kalayan hikmah tur adil kagungan Gusti Hâkim Dzul-Jalâl, Nu Ngawasaan lingkup wujud anu mangrupa kahadéan mutlak (khér mahad). Salian ti ngajalankeun tugas panjara, aya kénéh loba pisan tugas séjénna. Sarta loba pisan hikmahna katut khidmah anu patali jeung alam kalanggengan. Sarta mangrupa patempatan anu pinuh kaagungan pikeun loba pisan mahluk hirup, saperti zabani.