بِاسْمِه۪ سُبْحَانَهُ
Riwayat Hirup · hlm. 155
Ka Gubernur Isparta nu adil, ka pangadilanana, sareng ka pulisina: risalah leutik kaula nu kacida rusiahna ieu — nu ku kaula diserat dua puluh dua taun ka pengker sabot kaula aya di kacamatan Barla, propinsi Isparta, hususna kanggo dulur-dulur kaula nu pangdipercayana, nu pangkhususna, sareng nu pangihlasna — ku kaula disanggakeun, ku margi éta risalah némbongkeun patalina sareng masarakat katut pamaréntah Isparta. Upami dianggap merenah, mangga seratkeun sababaraha salinan ku mesin tik, boh ku aksara anyar boh ku aksara heubeul, supados jalma-jalma nu parantos dua puluh lima tilu puluh taun milarian rusiah kaula sarta ngintip-ngintip kaula téh ngartos yén kaula teu gaduh hiji rusiah ogé nu disumputkeun. Ari rusiah kaula nu pangbunina téh nya ieu risalah pisan; sina maranéhna terang!
Said Nursî