بِاسْمِه۪ سُبْحَانَهُ وَ اِنْمِنْ شَىْءٍ اِلَّا يُسَبِّحُ بِحَمْدِه۪
Riwayat Hirup · hlm. 402
Sadinten saméméh Romadhon nu mulya, sabot panas awak kaula ngawitan ngaliwat opat puluh derajat ku margi hiji kasakit karacunan — nu numutkeun kaula sadaya kalayan kamungkinan kuat dipasihkeun ku musuh-musuh zindiq kaula nu buni, sarta dibenerkeun ku dokter — para jaksa pangadilan katut para komisaris pamariksa di Kastamonu sumping ngagerebek bumi kaula. Ti éta menit, kalayan ngartos ku hiji rasa nu karaos saméméh kajadian kana serangan pikasieuneun nu nibanan kaula, sareng bari nyarios “Kasakit karacunan kaula nu telenges ieu ogé nuju kana pati,” kaula neda dina haté supados kaula nyerahkeun ruh dina rangkulan sadérék-sadérék kaula nu ajénna luhur di propinsi Isparta sarta dikubur dina éta taneuh nu berkah.
Kaula muka Hizbul-Akbarul-Qur'an. Ujug-ujug ieu ayat nu mulya وَ اصْبِرْ لِحُكْمِ رَبِّكَ فَاِنَّكَ بِاَعْيُنِنَا وَ سَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ némbongan di payuneun kaula. “Tingali ka dieu!” kitu dawuhanana. Kaula ogé ningali: kalayan tilu tanda nu kuat, harti isyaratna maparin panglipur ka kaula sareng ka kaula sadaya. Ayeuna éta ngajantenkeun musibah nu nibanan kaula sadaya téh dina hiji sisi jadi teu aya hartosna, sarta ngajantenkeun pangbuangan kalima kaula ka Isparta salaku tahanan téh jadi bukti ditampina doa haté kaula.
Tanda Kahiji: (Syaddah dietang) Ku itungan abjad, angka sarébu tilu ratus genep puluh dua (1362) tawafuk sareng tanggal nu sarua dina taun Arab taun ieu, sarta ku hartosna nyaurkeun: “Sing sabar! Sumerah kana kaza Rabbani nu nibanan salira! Salira aya di handapeun paningal inayah, ulah salempang! Dina peuting-peuting tuluykeun tasbéh katut tahmid!”
Tahlil: Tilu ر , genep ratus (600); opat ن , dua ratus (200); hiji س , hiji م , saratus (100); hiji ص , hiji ف , hiji م , dua ratus sapuluh (210); opat ك , hiji ع , saratus lima puluh (150); tilu ح , hiji و , hiji ى , opat puluh (40); hiji ل , salapan ب , hiji د , hiji و , opat alif, genep puluh dua (62). Jumlahna janten sarébu tilu ratus genep puluh dua (1362); sarta tawafukna kalayan pas pisan kana tanggal nu sarua dina taun ieu katut kana menit nu sarua tina musibah nu nibanan kaula sadaya téh hiji tanda nu kuat.
...
Ku margi pikeun ayeuna teu aya perluna nerangkeun tanda katilu, éta henteu diseratkeun.
Said Nursî