Risale-i NurRiwayat Hirup

بِاسْمِه۪ سُبْحَانَهُ

Riwayat Hirup · hlm. 482

Hé para sadérék abdi nu dipikaasih!

لَهُ الْحَمْدُ وَ الْمِنَّةُ kamari, hiji kaunggulan maknawi Cahya katingal di İstanbul kalayan sagala kaagungan katut dahsyatna. Hiji pakumpulan nu hoyong nanemkeun kufur mutlak di dunya, pangpangna di alam Islam, katut hiji dua percétakan koran sareng perpustakaan nu jadi juru sebar pamikiran tur juru laku cita-citana, diancurkeun sagemblengna; sarta éta pakumpulan diprotés ku sungut, ku lampah, katut ku pagawéan nonoman sareng barudak sakola nu disangka parantos dijantenkeun teu ngagem agama sarta dijantenkeun komunis ku maranéhna. Dibendon ku ucapan: "Sing tumpur komunisme!" Éta pakumpulan rugi rébuan lira sacara lahir sareng jutaan lira sacara batin.

Hé para Nurcu! Ayeuna ulah sedih ku margi kamampuh lahiriah henteu ngawujud. Unggulna Cahya lumangsung dina lapangan nu lega. Hiji kasuksésan nu nyakup sadayana keur ngawujud. هٰذَا مِنْ فَضْلِ رَبّ۪ى