بِاسْمِه۪ سُبْحَانَهُ
Riwayat Hirup · hlm. 482
Hé para sadérék abdi nu dipikaasih tur satia!
Rékadaya nu diputer ngalawan abdi ti sababaraha sasih ka pengker parantos kabuka. Ku panangtayungan Ilahi, éta musibah turun ti dua puluh jadi hiji.
Abdi sok angkat ka masjid dina waktos sepi. Teu terang-terang abdi, para murid ngadamel hiji saung alit di mahfil supados abdi henteu tiris. Abdi ogé parantos opat lima dinten mutuskeun nyalira, moal angkat deui. Ku parantaraan jalmi perwira nu kauninga éta, saung alit téh dibongkar. Ka abdi ogé aranjeunna nepikeun sacara resmi: "Anjeun teu kénging angkat deui ka masjid." Nanging aranjeunna ngajadikeun siki sagedé kubah sarta nimbulkeun héboh. Teu aya hartosna pisan, ulah salempang sakedik ogé.
Numutkeun kinten-kinten abdi, aranjeunna ngahina abdi ku alesan-alesan sapertos kitu téh pikeun ngaruksak paniten umum nu di mana-mana téh langkung ti wates abdi. Aranjeunna nyangka, ku ngémutan jaman abdi nu kapungkur, abdi moal kiat nahan. Padahal — kalayan sarat kasalametan sareng sumebarna Risale-i Nur ulah kaganggu — sanaos unggal dinten datang sarébu panghinaan katut siksaan, abdi tetep sukur ka Alloh. Sakumaha abdi henteu maliré, para murid di dieu ogé pisan-pisan henteu ngoyag. Kajadian nu parantos lami diantos-antos ku abdi sadaya ieu ogé, ku inayah Ilahi, ngalangkung kalayan hampang.
Ka sakumna sadérék abdi, hiji-hiji abdi sadaya ngintunkeun salam sareng du'a.
Said Nursî