بِاسْمِه۪ سُبْحَانَهُ
Riwayat Hirup · hlm. 597
Hé para sadérék abdi nu dipikaasih tur satia!
Dinten ieu, ku hiji pépéling maknawi, sumping ka abdi hiji rasa hariwang sareng hiji kasedih kanggo aranjeun. Dina menit nalika sadérék-sadérék abdi sadaya nu hoyong gancang kaluar sareng nu hariwang ku susahna nyiar kahirupan téh enya-enya midamel abdi nalangsa tur sedih, sumping ka haté hiji hakékat sareng hiji wartos gumbira ngaliwatan hiji émutan nu mubarok:
Lima dinten deui bakal sumping tilu sasih mulya, nyaéta bulan-bulan ibadah nu kacida mubarokna tur kacida ageung ganjaranana. Upami ganjaran unggal kahadéan dina waktos séjén téh sapuluh, dina Rajab nu mulya ngaliwat saratus, dina Sya'ban nu agung leuwih ti tilu ratus, dina Romadon nu mubarok naék jadi sarébu, dina wengi-wengi Jumaah jadi rébuan, sarta dina Lailatul Qadar naék jadi tilu puluh rébu. Ngaliwatkeun tilu sasih mulya — nu jadi pasar suci tina dagang aherat nu maparin pirang-pirang mangpaat aherat, nu jadi paméran nu pinunjul kanggo ahli hakékat sareng ahli ibadah, sarta nu ngajamin umur dalapan puluh taun kanggo ahli iman dina tilu bulan — di Madrasah Yusufiyah nu maparin kauntungan hiji jadi sapuluh sapertos kieu, tangtos hiji kauntungan nu ageung. Sakumaha waé kacapé nu karandapan, éta téh rohmat pisan. Sakumaha dina sisi ibadah, kitu deui khidmah Cahya ogé sacara babandingan — upami sanés dina sisi lobana, nya dina sisi ajénna — téh hiji jadi lima. Sabab jalma-jalma nu terus-terusan asup kaluar ka panginepan ieu téh jadi parantara kanggo sumebarna palajaran-palajaran Cahya. Sakapeung ihlas hiji jalma maparin mangpaat sagedé dua puluh jalma. Sareng deui, sanaos aya saeutik kacapé katut karerepet kanggo sumebarna rusiah ihlas Cahya di antara para tahanan nu walurat — nu mawa urat kagagahan model pulitik sarta nu kacida butuhna kana panglipur Cahya — éta téh teu aya hartina.
Ari dina sisi susahna nyiar kahirupan: saleresna, ku margi tilu bulan ieu téh pasar aherat, unggal-unggal ti aranjeun lebet ka dieu salaku gaganti seueur murid, malah sawatara ti aranjeun lebet salaku gaganti sarébu jalma; ku margi kitu abdi sagemblengna ngaraos lega ku émutan yén tangtos aya pitulung kana urusan aranjeun di luar, sarta abdi terang yén aya di dieu dugi ka Boboran téh hiji ni'mat nu ageung.
Said Nursî