DITÉWAKNA BEDÎÜZZAMAN
Riwayat Hirup · hlm. 540
Dina bulan-bulan panungtungan taun 1947, tilu pagawé pulisi sipil ti Afyon datang ka Emirdağı, cenah pikeun terang kana kagiatan hiji pakumpulan agama nu buni nu ngalegaan ka sakuliah nagri. Maranéhna ihtiar netepkeun saha waé para murid Nur, pangheulana Said Nursî. Maranéhna nyoba-nyoba midamel alesan-alesan nu taya dasarna. Salah sahiji contona nyaéta kieu:
Hiji pagawé sipil nyerat dina hiji kertas: "Juru ladén Said meser arak ti dieu kanggo Said." tuluy di warung arak manéhna nawaran hiji jalma nu mabok tur teu éling supados tandatangan handapeun éta kertas. Éta jalma ngawaler: "Tobat-tobat, saha nu wani tandatangan kana bohong sarupa kieu?" Saterasna, éta pagawé nu ihtiar sangkan kertasna ditandatanganan tapi henteu hasil téh, dina wengi éta kénéh kénging tampiling tina kasalahan nu dipilampahna ngaliwatan hiji kajadian nu anéh. Kieu carana:
Nalika manéhna keur ngaléor di sisi susukan sareng jalma-jalma nu babarengan nginum arak sareng manéhna, di antara maranéhna aya pasea. Éta jalma nu cilaka téh di dinya digebugan nepi ka lebar, sarta pestolna ogé dirampas.
Nalika Kangjeng Üstad angkat ka luar kota nganggo dokar, salami opat lima dinten lilana lima kapal ngapung nuturkeun Kangjeng Üstad. Nalika anjeunna lebet ka bumina, maranéhna ogé mundur ti Emirdağı. Khidmah Qur'ani Kangjeng Üstad nu murni imani tur ukhrawi téh dipaparinan harti nu salah, tuluy dijieun propaganda ngalawan anjeunna sarta dilaporkeun kalayan salah ka pajabat-pajabat luhur.
Di hareupeun sumebarna Risale-i Nur ku mesin sténsil sareng beuki mekarna Cahya-Cahya di Anatolia, komite-komite anti agama nu buni — nu unggah kana lampahna pikeun ngeureunkeun khidmah imani ieu — ngasupkeun was-was ka pamaréntah sarta midamel hasutan ngalawan anjeunna. Kaluar paréntah pikeun ngagerebeg bumi-bumi para murid Nur di seueur propinsi, kota, sareng désa deui, sapertos Emirdağ, Isparta, Kastamonu, Konya, İnebolu, Safranbolu, sareng Aydın. Ahirna, dina bulan panungtungan taun 1947, Kangjeng Üstad Said Nursî sareng kira-kira lima welas murid Nur dicandak ti Emirdağ dibantun ka Afyon, sarta saparantos dipariksa aranjeunna ditéwak. Para murid Nur di propinsi-propinsi séjén ogé ditéwak tuluy dicalukan ka Afyon. Kalayan kitu, ngawitan hirup Madrasah Yusufiyah Katilu.