Ngadugikeun Putusan Bébas
Riwayat Hirup · hlm. 683
Saparantos éta, pamariksaan pangadilan réngsé; majelis hakim, saparantos badami, sacara sauyunan ngadugikeun putusan bébas, sarta putusan éta dikeprokan kalayan ramé pisan ku para mahasiswa katut ku balaréa nu hadir di pangadilan. Ku margi henteu diajukeun kasasi ku pihak kajaksaan, putusan éta janten tetep.