Risale-i NurRiwayat Hirup

SABAGIAN TINA SERAT-SERAT NU DISERAT KU KANGJENG ÜSTAD SARENG KU MURID-MURIDNA SALAMI ANJEUNNA MATUH DI EMİRDAĞ

Riwayat Hirup · hlm. 452

Ka sadérék-sadérék abdi di Emirdağ!

Cariosan ka jalma-jalma nu curiga ka abdi: Sakumna serat nu rahasia sareng nu henteu rahasia, sakumna kitab, katut sakumna rasiah tina hirup dua puluh taun jalmi nu ku abdi sadaya dikhidmahan ieu, parantos kacangking ku pamaréntah ku jalan milarian nu kacida telikna. Saparantos salapan sasih ditalungtik ku lembaga hukum Isparta, Denizli, katut Ankara, teu kapendak hiji pasal ogé — dina lima peti kitab sareng dokumén anjeunna — nu tiasa jadi alesan pikeun ngahukum sadinten waé ka salah sawios muridna; ku margi kitu para ahli nu ditunjuk di Ankara sareng Pangadilan Denizli kalayan sapuk mutuskeun anjeunna bébas.

Sareng deui, jalmi nu urusan pokona ku abdi sadaya diurus ku margi hormat ka anjeunna nu parantos sepuh ieu, parantos ngadugikeun perkarana di pangadilan sarta nyandak sadaya réncang nu hadir jadi saksi kanggo ngabenerkeun yén:

Salami dua puluh taun anjeunna henteu kantos maos hiji koran ogé sareng karya-karya pulitik, henteu naros, henteu nyabit; sareng salami sapuluh taun anjeunna henteu terang, henteu wanoh, sarta henteu panasaran hoyong wanoh ka pajabat-pajabat katut para pagawé ageung pamaréntah, iwal ti dua pupuhu pamaréntah, hiji gubernur, sareng hiji wakil rahayat. Sareng salami tilu taun anjeunna henteu naros, henteu terang, henteu panasaran, sarta henteu ngupingkeun radio ngeunaan Perang Dunya. Sareng tina saratus tilu puluh karya anjeunna nu parantos sumebar, sanaos diaos kalayan taliti ku saratus rébu jalmi salami dua puluh taun, pamaréntah henteu ningali hiji karugian ogé, boh kana pamaréntahan, boh kana kaamanan, boh kana lemah cai, boh kana bangsa.

Para patugas kaamanan nu taliti sareng para pagawé nu tugasna milarian bukti ti lima propinsi, katut pangadilan pidana beurat tina opat lembaga hukum di tilu propinsi sareng di puseur pamaréntahan nu ngurus perkara pangadilan, henteu mendakan hiji kasalahan nu pangleutikna ogé, dugi ka aranjeunna kapaksa ngabébaskeun abdi sadaya.

Upami jalmi ieu gaduh napsu kana dunya sareng condong kana pulitik, naha aya kamungkinan yén teu aya hiji tapak sareng hiji tanda ogé nu nembongan? Padahal dina sakumna lalampahan sidang aranjeunna henteu mendakan hiji tanda ogé, dugi ka hiji jaksa nu bedegong kapaksa nganggo kamungkinan-kamungkinan dina tempat kajadianana, sarta sababaraha kali dina surat tuduhanana nyarios, "Tiasa waé anjeunna migawé." ari "Anjeunna parantos migawé." mah henteu diucapkeun. Di mana ari "tiasa migawé", di mana ari "parantos migawé"? Malah di pangadilan Said nyarios ka jaksa éta, "Saha waé tiasa migawé rajapati; ku tuduhan anjeun ieu, saha waé sareng anjeun sorangan kedah dibawa ka pangadilan!"

Cindekna: Boh jalmi ieu leres-leres gélo, dugi ka lalawora kana urusan dunya nu sakitu pikasieuneunana; boh anjeunna henteu ngalirik sareng henteu ngutamakeun nanaon, ku margi anjeunna damel kalayan ihlas kanggo kabagjaan nu pangageungna kanggo lemah cai sareng bangsa ieu. Upami kitu, ngaganggu sareng ngeukeuweuk anjeunna téh hiji rupa khianat ka lemah cai, ka bangsa, sareng ka kaamanan. Sarta curiga ku cara nu sapertos kitu ka anjeunna téh lampah nu gélo.