Sisi Tasawuf:
Riwayat Hirup · hlm. 17
Abdi kantos naros ka hiji jalmi ti kalangan masyayikh Naqsyabandi — hiji ulama ageung nu satekah polah nyaluyukeun unggal lengkahna kana lengkah Kangjeng Nabi urang nu mulya صلى الله عليه وسلم:
— Nun Ajengan, naon margina aya kaayaan tegang antara para ulama sareng para ahli tasawuf?
— Para ulama ngawaris élmu Kangjeng Rosul urang nu pangmulyana صلى الله عليه وسلم, ari para ahli tasawuf ngawaris amalna. Tah, ku margi kitu, jalmi nu ngawaris élmu sareng amal Kangjeng Nabi urang nu janten kareueus sakumna alam صلى الله عليه وسلم téh disebat "dzul-janâhain", nyaéta "nu gaduh dua jangjang".
Ku kituna, maksad tarékat téh nyaéta ngamalkeun 'azîmah — sanés rukhshah (kalonggaran) — sarta ngahias diri ku ahlak Kangjeng Nabi صلى الله عليه وسلم, dugi ka beresih tina sagala panyakit batin sarta fana dina rido Alloh. Tah, jalmi-jalmi nu ngahontal darajat nu luhur ieu, teu aya mangmangna, aranjeunna téh ahli hakékat. Nyaéta parantos dugi ka tujuan nu dipimaksad tur dipiharep tina tarékat. Nanging ku margi ngahontal tingkatan nu luhur ieu henteu tiasa kalaksanakeun ku unggal jalmi, para sepuh urang parantos netepkeun kaidah-kaidah nu tangtu supados tujuan nu dipiharep téa tiasa kahontal kalayan gampil. Cindekna: tarékat téh hiji bunderan di jero bunderan syariat. Nu labuh tina tarékat, labuhna kana syariat; nanging — ma'âdzallâh — nu labuh tina syariat, tinggal dina karugian nu langgeng.
Numutkeun katerangan jalmi ageung ieu, antara jalan cahya nu dibuka ku Bedîüzzaman sareng tasawuf nu sajati tur beresih tina cawad, teu aya bébédaan nu prinsipil. Duanana ogé jalan nu nungtun ka rido Gusti Bâri', sarta antukna ka sawarga nu pangluhurna katut ka ningali Maulâ.
Ku kituna, teu aya halangan naon-naon pikeun sadérék urang ti kalangan ahli tasawuf nu nuju kana tujuan nu mulya ieu kanggo maos Kulliyat Risale-i Nur kalayan bungah; malah sabalikna, Risale-i Nur parantos ngalegaan bunderan "muraqabah" dina tasawuf ku jalan Al-Qur'an Al-Karîm, sarta nambahan kana éta hiji tugas tafakur salaku wirid nu pangpentingna.
Leres, ku margi "tafakur" ieu — nu muka cakrawala nu béda pisan pikeun panon sareng haté manusa — hiji salik nu tadina ngan sibuk ku muraqabah haténa waé, ayeuna kalayan haté sareng sagenep latifah-latifahna nyaksian tur nyawang, ngamuraqabahan tur ningali langsung sakumna alam ti mimiti zarah dugi ka buleudan-buleudan langit kalayan kaagungan sareng kaéndahanana; teras ku rasa wajdu nu sampurna anjeunna ningali asma'ul husna sareng sipat-sipat-Na nu pangluhurna nu nuju tajalli dina éta alam-alam dina sarébu hiji wangun; dugi ka anjeunna ngaraos yén dirina nuju aya di hiji tempat ibadah nu teu aya watesna — dina darajat 'ainal-yaqîn, 'ilmal-yaqîn sareng haqqal-yaqîn.
Margi "tempat ibadah" nu dilebetan ku anjeunna téh tempat ibadah nu kacida agungna, dugi ka jamaah nu milyaran ogé teu kawadahan; sadayana nuju ngadzikir ka Khâliq-na dina kaayaan cinta sareng sumanget, khusyu tur teuleum dina rasa. Kalayan basa-basana nu ngagedur, amis tur éndah; kalayan lentong, sora, wirahma sareng lagam-lagamna, sadayana sasarengan nyanggem: سُبْحَانَ اللّٰهِ وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ وَلَا اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ وَاللّٰهُ اَكْبَرُ.
Sing saha nu nuturkeun jalan iman, makrifat sareng Al-Qur'an nu dibuka ku Risale-i Nur, tangtos lebet kana tempat ibadah nu sakieu ageung tur agungna. Sarta unggal jalmi bakal kénging berkah luyu sareng iman katut makrifatna, luyu sareng berkah katut ihlasna.