TITIK KATILU
Riwayat Hirup · hlm. 240
Dulur-dulur kaula nu mikiran kaayaan sareng katengtreman kaula, sarta nu ngaraos anéh ku cicingna kaula kalayan sabar dina unggal musibah, gaduh patarosan kieu: "Kumaha anjeun tiasa tabah nyanghareupan kasesahan sareng kasusah nu tumiba ka anjeun? Padahal baheula anjeun téh gampil bendu tur luhur ajén diri, dugi ka teu kiat nanggung hinaan nu pangleutikna?"
Waleran: Mangga regepkeun dua kajadian sareng carita alit ieu, teras kénging walerana:
Carita kahiji: Dua taun ka pengker aya hiji kapala kantor nu tanpa sabab nyarioskeun kekecapan nu ngagogoréng tur ngahina kaula di tukangeun kaula. Teras hal éta dicarioskeun ka kaula. Kirang langkung sajam lilana kaula ngaraos nyeri haté ku urat Said Heubeul. Teras, ku rohmat Alloh, hiji hakékat sumping kana haté, ngaleungitkeun kasusah sarta ngajantenkeun kaula ngahalalkeun éta jalma. Hakékatna kieu:
Kaula nyarios ka nafsu kaula: Upami hinaan sareng kakurangan nu dipedar ku manéhna téh ngeunaan pribadi sareng nafsu kaula, mugi Alloh ridho ka manéhna, sabab manéhna nyebatkeun cacad-cacad nafsu kaula. Upami manéhna nyarios leres, éta téh ngadorong kaula kana ngadidik nafsu kaula sarta ngabantosan kaula leupas tina rasa adigung. Upami manéhna bohong, éta téh ngabantosan kaula leupas tina riya sareng tina kamashuran palsu nu jadi dadasar riya. Leres, kaula tacan kantos badami sareng nafsu kaula. Sabab kaula tacan ngadidikna. Upami aya nu nyarios atawa nuduhkeun yén dina beuheung atawa dina jero baju kaula aya kalajengking, tinimbang bendu ka manéhna, kaula kedah bungah.
Upami hinaan éta jalma téh patali sareng sipat kaula salaku palayan iman sareng Al-Qur'an, éta mah sanés urusan kaula. Éta jalma ku kaula diserenkeun ka Gusti Nu Kagungan Al-Qur'an, Nu maparin tugas khidmah ieu ka kaula. Mantenna téh Azîz tur Hakîm.
Upami éta ngan saukur pikeun nyarékan, ngahina, sareng ngaruksak nami kaula, éta ogé sanés urusan kaula. Ku margi kaula téh jalma buangan, tawanan, asing, sarta leungeun kaula kabeungkeut, ngalereskeun harkat kaula ku leungeun sorangan téh sanés kawajiban kaula. Éta mah kawajiban jalma-jalma nu ngawasaan ieu lembur — tempat kaula nyémah sarta nu ngawaskeun kaula — teras kacamatan, teras propinsi. Ngahina hiji tawanan nu aya dina leungeun batur téh urusan nu ngawasaanana; manéhna nu bakal ngabéla.
Ku margi hakékatna kitu, haté kaula jadi tengtrem. Kaula nyarios: وَاُفَوِّضُ اَمْر۪ٓى اِلَى اللّٰهِ اِنَّ اللّٰهَ بَص۪يرٌ بِالْعِبَادِ Éta kajadian ku kaula dianggap teu kantos aya, teras dipopohokeun. Nanging hanjakal, saterasna kauninga yén Al-Qur'an henteu ngahalalkeun éta…
Carita kadua: Dina taun ieu kaula ngadangu yén aya hiji kajadian. Sanaos sanggeus kajadian éta lumangsung kaula ngan ukur ngadangu wartos ringkesna, kaula ditibanan lampah saolah-olah kaula leres-leres aya patalina sareng éta kajadian. Memang kaula henteu surat-suratan; upami surat-suratan ogé kacida jarangna, ngan nyerat hiji pasualan iman ka hiji sobat. Malah dina opat taun, ka dulur kaula ngan sakali kaula nyerat surat. Sareng tina campur gaul, kaula nahan diri sorangan, ari ahli dunya ogé ngahalangan kaula. Ngan sareng saurang dua urang sobat kaula tiasa patepang saminggu sakali. Ari sémah nu dongkap ka lembur, sabulan saurang dua urang, kadang ngan sakedapan dua menit, patepang sareng kaula ngeunaan hiji pasualan aherat.
Dina kaayaan asing ieu — nyorangan, teu gaduh saha-saha, di hiji lembur nu teu cocog pikeun jalma sapertos kaula milarian pangupa jiwa ku jalan damel — kaula dihalangan tina sagala rupa sareng ti saha waé. Malah opat taun ka pengker kaula ngoméan hiji masjid nu parantos ruksak. Ku margi surat idin janten imam sareng juru wawaran agama di lembur kaula aya dina leungeun kaula, parantos opat taun kaula janten imam di éta masjid — mugi Alloh nampi — nanging dina bulan Romadon nu mubarok nu nembé kalangkung, kaula henteu tiasa angkat ka masjid.
Sakapeung kaula solat nyalira. Kaula kaleungitan dua puluh lima ganjaran sareng kasaéan tina solat nu dilakonan sacara jamaah.
Tah, kana dua kajadian nu tumiba ka kaula ieu, kaula némbongkeun sabar sareng tabah nu persis sami sapertos nu ku kaula ditémbongkeun dua taun ka pengker kana lampah éta pagawé pamaréntah ka kaula. Insya Alloh bakal diteruskeun. Kaula ogé mikir sareng nyarios kieu:
Upami ieu kanyeri, ieu kasusah, sareng ieu panindesan nu tumiba ka kaula ti pihak ahli dunya téh ngeunaan nafsu kaula nu pinuh cacad tur kakurangan, ku kaula dihalalkeun. Sugan waé nafsu kaula ngalereskeun kaayaanana ku jalan éta, sarta éta jadi kafarat dosa kanggo manéhna. Kaula parantos seueur ngaraosan senangna panginepan dunya; upami ngaraosan saeutik nyerina ogé, kaula tetep sukuran.
Upami ahli dunya nindes kaula ku margi sisi kaula salaku palayan iman sareng Al-Qur'an, ngabélana sanés urusan kaula; éta ku kaula diserenkeun ka Gusti Azîz Nu Jabbâr.
Upami maksadna téh ngaruksak paniten umum kana diri kaula pikeun ngaruntuhkeun hiji kamashuran palsu nu teu aya dadasarna, nu jadi sabab riya, sarta nu ngaruksak ihlas — mugi rohmat kanggo maranéhna… Sabab kénging paniten umum sareng kénging kamashuran dina paningal jalma réa téh, ceuk pangira kaula, ngarugikeun pikeun jalma sapertos kaula. Jalma-jalma nu patepang sareng kaula terang yén kaula henteu nyuhunkeun hormat kana pribadi kaula, malah kaula mikangéwa kana hal éta. Malah hiji sobat kaula nu penting tur mulya, ku margi hormatna kaleuleuwihi, meureun parantos lima puluh kali ku kaula ditegur.
Upami maksad maranéhna ngaruksak kaula sareng ngajatuhkeun kaula tina pamadegan umum téh patali sareng hakékat-hakékat iman sareng Al-Qur'an nu ditarjamahkeun ku kaula, éta mah mubadir. Sabab béntang-béntang Al-Qur'an mah moal tiasa dihalangan ku hordéng. Nu meungpeunkeun panonna téh ngan ukur dirina sorangan nu teu ningali; manéhna moal tiasa ngajantenkeun peuting kanggo batur.