Hiji Pasualan Penting anu Dipépélingkeun dina Wengi Lailatul Qadar
Tuntunan Nonoman · hlm. 26
Ka hiji hakékat anu kacida legana tur panjang, anu sumping kana manah dina Wengi Lailatul Qadar, simkuring badé masihan isyarat anu pondok pisan. Kieu:
Umat manusa — ku kalakuan dolim anu pangbengisna sareng panindesan anu pangkejemna dina perang dunya anu pangahirna ieu; ku karuksakan anu tanpa karunya; ku ngabalangsakkeunana saratus jalmi teu gaduh dosa ngan ku sabab hiji musuh; ku pegat harepan anu pikasieuneun ti pihak anu kawon; ku kabingung anu pikasieuneun ti pihak anu unggul katut ku siksa ati nurani anu pikasieuneun anu asalna tina teu tiasana maranéhna ngajaga kakawasaanana sareng ngoméan karuksakan ageung anu didamel ku maranéhna; ku témbongna yén hirup dunya téh fana pisan tur ngan samentawis; ku katingalna ku umum yén kaéndahan palsu peradaban téh nipu tur ngasarékeun; ku raheutna kalayan pikasieuneun sacara umum bakat-bakat anu luhur dina fitrah manusa katut jati diri manusa éta sorangan; ku ancurna tabiat anu teuas tur torék — bénténg lalawora sareng jalan sasar — di handapeun pedang intén Al-Qur'an; sareng ku témbongna rupa saenyana anu kacida goréng tur kacida bengisna ti pulitik sakuliah bumi, anu jadi tabir anu pangnyeseknakeun, pangnipuna, tur panglegana kanggo lalawora sareng jalan sasar — tangtos sareng tangtos, teu aya mamang deui: dumasar kana tanda-tanda anu parantos katingal di beulah kalér, di beulah kulon, sareng di Amérika, ku margi hirup dunya anu jadi kakasih majasi umat manusa téh sakitu goréngna tur ngan ngaliwat, manusa bakal milarian kalayan sakuat tanaga hirup anu langgeng anu saenyana dipikanyaah tur diteangan ku fitrahna.
Sareng tangtos, teu aya mamang deui: Al-Qur'an Al-Mu'jizul-Bayân — anu salila sarébu tilu ratus genep puluh taun, dina unggal abad, ngagaduhan tilu ratus lima puluh juta murid; anu unggal hukum sareng unggal dawaanana ditandatanganan ku pangakuan mangjuta-juta ahli hakékat; anu unggal menit ayana kalayan kasucian dina manah mangjuta-juta hafiz teras masihan palajaran ka umat manusa ku létah maranéhna; anu ku cara anu teu aya bandinganana dina kitab mana waé, masihan wartos gumbira ka manusa ngeunaan hirup anu langgeng sareng kabagjaan langgeng; sareng anu ngubaran sadaya raheut umat manusa — ku rébuan ayat-ayatna anu tandes, kiat, tur diulang-ulang, malah kalayan terus terang sareng kalayan isyarat mangpuluh-puluh rébu kali ngadawakeun tur ngawartoskeun, teras ku bukti-bukti anu pasti tur teu tiasa digoyahkeun sareng ku hujjah-hujjah anu teu kaétang tur teu nyésakeun mamang, masihan wartos gumbira anu pasti ngeunaan hirup anu langgeng sareng masihan palajaran ngeunaan kabagjaan langgeng — tangtos, salami umat manusa henteu leungit pisan akalna sareng salami teu aya kiamat lahir atanapi batin anu ragrag kana sirahna, buana-buana anu lega sareng pamaréntahan-pamaréntahan ageung di kuliah bumi — sapertos para juru pidato kawentar ti Swédia, Norwégia, Finlandia, sareng Inggris anu usaha narima Al-Qur'an, sareng paguyuban penting di Amérika anu milarian agama anu haq — bakal milarian Al-Qur'an Al-Mu'jizul-Bayân sareng, saparantos ngartos hakékat-hakékatna, bakal nangkeup éta kalayan sagemblengna jiwa raga. Margi dina titik hakékat ieu, sacara pasti teu aya anu sabanding sareng Al-Qur'an tur moal aya; sareng teu aya hiji naon waé anu tiasa ngaganti mu'jizat anu pangageungna ieu.
Kadua: Ku margi Risale-i Nur parantos némbongkeun khidmahna sapertos pedang intén dina panangan mu'jizat anu pangagungna ieu sareng parantos maksa musuh-musuhna anu bedegong pikeun nyerah. Risale-i Nur — anu jadi juru wawar khazanah Al-Qur'an ku cara anu nyaangan manah, jiwa, katut rasa kalayan sampurna tur masihan ubarna; anu teu ngagaduhan sumber sareng rujukan salian ti éta; sareng anu ngagaduhan mu'jizat maknawi — ngalaksanakeun tugas éta kalayan sampurna, sareng parantos ngungkulan kalayan sampurna propaganda-propaganda pikasieuneun anu ditujukeun ka éta katut para zindik anu kacida bedegongna; sareng parantos ngancurkeun tabiat — bénténg jalan sasar anu pangteuasna tur pangkiatna — ku Risalah Tabiat; sareng di jero wewengkon alam luar anu pangkandelna, pangnyeseknakeun, tur panglegana tina lalawora, katut di balik tabir-tabir élmu anu panglegana, ku Pasualan Kagenep tina Risalah Bubuahan dina Asa-yı Musa (Iteuk Musa) katut ku Hujjah Kahiji, Kadua, Katilu, sareng Kadalapan, parantos ngabuyarkeun lalawora kalayan cara anu kacida caangna teras némbongkeun cahya tauhid.
Tangtos perlu pisan kanggo urang sadaya sareng langkung perlu deui kanggo bangsa: dumasar kana idin anu ayeuna sacara resmi dipasihkeun kanggo muka madrasah-madrasah husus pikeun pangajaran agama, para murid Nur kedah muka madrasah Nuriyah anu alit di unggal tempat, sakumaha mungkinna.
Leres, unggal jalmi tiasa nyandak mangpaat sorangan dugi ka tingkat anu tangtu, nanging henteu sadaya jalmi ngartos unggal pasualan kalayan sampurna. Ku margi éta téh pedaran hakékat-hakékat iman, éta téh sakaligus élmu, makrifatullah, kahadiran manah di payuneun Alloh, sareng ibadah.
Gaganti lima dugi ka sapuluh taun di madrasah-madrasah baheula, insya Alloh madrasah-madrasah Nur bakal ngahasilkeun hasil anu sarua dina lima dugi ka sapuluh minggu — sareng parantos dua puluh taun kitu kanyataanana.
Sareng pamaréntah, kana kilat-kilat cahya Al-Qur'an ieu — anu kacida seueur mangpaatna kanggo hirup duniawi, hirup pulitik, katut hirup ukhrawi bangsa sareng lemah cai ieu — sareng kana Risale-i Nur anu jadi juru wawar Al-Qur'an, sanés kedah ngaganggu, malah kedah pisan ngadukung sareng usaha nyebarkeunana kalayan sagemblengna; supados éta jadi kafarat kanggo dosa-dosa pikasieuneun anu parantos kalangkung, sareng jadi bendungan kana bala-bala anu bakal datang anu kacida beuratna katut kana anarki.
Said Nursî
*(Tina Lem'a Kadua Puluh Genep)*